Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/33

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
15
 


noetoe diawoer-awoer, poerah ngedjo ditinggalkeun, poerah ngasoeh boedak ditjiwitan, gero bae tjeurik kaindoengnakeun, didjieun poerah di padaleman, dek bogoh ka doenoengan; engkang poma oelah ditampa, eta teh Si-soemoer Bandoeng arek ngareboet tjaroge koering!”

Reup geuneuk, rai pias Rangga Wajang bari njaoer ka noe kasep Kalang Soetra, pokna: „perkara ajeuna diampihan tjitjing, henteu tjitjing; hanas noe boga nagara ngamoek soengkoen, perang lawan, bitjara mo sabraha boelan, noe geulis Soemoer Bandoeng ditamboeroekeun enggeus koe Njai Nimbang Waringin, toempang terka ka noe saliwat; pendekna koering neda tempo sakedap, rek nejang noe geulis Soemoer Bandoeng ka hoeloe dajeuh, dek dititah menta tjarogena Njai Nimbang Waringin, ajeuna oerang adoekeun bae sakalian.”

Pok Kalang Soetra njaoer ka noe geulis Nimbang Waringin: „tan, mana oge ari sasaoeran koedoe dioekoer, njabda koedoe dioengang, pelengkoeng beukas njalahan.”

Ari tjek Nimbang Waringin: „keun bae, engkang, Si-soemoer Bandoeng djeung koering pilawaneunana; eta mah si Rangga Wajang ambek, geus adatna.”

Enggalna Raden Rangga Wajang toeloej angkat ka hoeloe dajeuh.

Tjetrek noe toenggang gamparan,
menteleng lilingga inten,
gebaj sapoetanganana,
rampit tjaretjet djeung kawat,
paragi njoto noe bentol,
ramboet pandjang diroedajkeun,
menod ramboet make gengge,
lain gengge noe galede,
sagede siki sasawi,
beunang ngagempeng koe inten,
beunang narapang koe emas,
meulit di landean doehoeng,
soemping ka djalan prapatan,
mipir kikis adoe manis,
mapaj mah toeroet bagbagan,
tjoendoekna kana sajoeran,
soempingna ka hoeloe dajeuh,
ka noe geulis Soemoer Bandoeng.

Rangga Wajang toeloej njaoer ka toeang raji, pokna: „Njai, ieu akang geus balik ti paseban!”

Tembalna noe geulis Soemoer Bandoeng: „aeh, engkang, koemaha ditampa atawa henteu?”

Saoerna Rangga Wajang: „ari kasaoeran noe geulis Nimbang Waringin kieu: „noehoen sarewoe, gerah salaksa, soekoer boga pibatoereun; kawantoe geureuha ratoe, noe matak sewel hade ka semah.”

Ari tjek Soemoer Bandoeng: „aeh, engkang, sok ngahadekeun deungeun, poegoeh ngewaeun; geuning ka koering Si-nimbang Waringin goebrag-gebroeg