Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
16
 

mere semoe, lelewa teu panoedjoeeun, malah ka koering njarekan meak-meakkeun: si-monjong, si-peot, si-doesoen mdedoeg; koering bejak ditjarekan koe noe geulis Nimbang Waringin, timboeroean teu poepoegoeh, toempang tereka ka noe saliwat. Ajeuna mah, engkang, ari geus teu ditampa oelah keukeuh, soemangga oerang moelih bae, koering mah sieun ditampilingan koe noe geulis Nimbang Waringin.”

Saoer Rangga Wajang: „perkara ajeuna mah, Njai, montong kapalang: oerang ditimboeroekeun enggeus, ditereka enggeus, pendekna meunang teu meunang, oerang penta bae tjaroge Nimbang Waringin, amoek soengkoen perang lawan.”

Tembalna Soemoer Bandoeng: „ari engkang keukeuh kedeuh, nja mangga bae, tatapi koering minta dibantoe.”

Saoer Rangga Wajang: „Njai, montong sok ngaborongkeun akang.”

Seblak Soemoer Bandoeng sarta njaoer: „engkang, ieu banteng lilin kamanakeun?”

Saoer Rangga Wajang: „Njai, asoepkeun bae kana djero tjoepoe, noe dipake paseuk geloeng Nji Ogem.”

Enggalna banteng toeloej ditjoepoean koe noe geulis Soemoer Bandoeng, sanggeus njoepoean banteng, toeloej ngagedogkeun salirana, ngadjadikeun nini-nini, sarta ladjeng arangkat ka paseban.

Geus meunang disamping djangkoeng,
raksoekan saserek sikoe,
inditna ti pantjalikan,
loegajna ti hoeloe dajeuh,
ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut,
ngembat-ngembat ngabantajan,
tara soengkan manggih lawan,
tara emboeng nimoe moesoeh,
tara inggis sebit koelit,
tara rempan bentjar dada,
soempingna ka ioeh tandjoeng,
kana kalangkang handjoeang,
mipir dina gambir woeloeng,
montong ditjatoer djaoehna,
montong diteang anggangna,
henteu koengsi dipilemek,
soempingna mah ka paseban.

Toeloej Rangga Wajang njaoer ka noe kasep Kalang Soetra, pokna, „raji, ieu akang, sampoera soen, neda eureun nama deungdeung, kadjeun sono pepes kesang balik deui.”

Tembalna Kalang Soetra: „mangga akang, atoeh oelah tjalik didinja, ieu di dieu ka loehoer Sala manggoeng, lampit hidji sapotong sewang.”

Tjek Rangga Wajang: „da halal”; toeloej loentjat, tjaralik papajoen-papajoen di paseban.

Tjatoerkeun Nji Soemoer Bandoeng,
lakotoj sangkeloh mando,