Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/225

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
159
 

Goeroedjag ka amben, ditotog tjel ka taneuh teu woedoe ngamoek, djapati sawidak, soang sawidak dibebekkeun wakwok patingkoreak, koelinting djiga garing moen koe seuneu perang djiga dipanggang lain perang koe dipanggang, kagaris koe wawajangan, kilang kitoe teu kaharti, rek ditempoehkeun.

„Mama Lengser, salagi teu boga andjen, saketi manana tiïs nja ati."

Hol Lengser ti kolong bale, njoehoenkeun bedja tjektjok tjewoh: „na, aja naon?"

„Toropong dibebekkeun loetoeng, teu soeka teu halal, salagi teu boga andjen, saketi manana tiïs nja ati."

„Koering mah soekoe samboeng leumpang, leungeun samboeng njokot, tarima darma loemampah, rek ditempoehkeun saketi, koemawani sajoeta koe boga, teu njaho di abot entengna sakepeng harga dalem."

Ngabedoed eleh wangsoelan.

„Arina kitoe," tjek Poerba rarang: „oelah ditempoehkeun, geura anteurkeun ka pipir goenoeng, gorengna saroepa, hideungna saroea, sailon sagodos, sabobot sapihanean, ka tjai djadi saleuwi, ka darat djadi salebak, ingkeun kade anak loetoeng."

„Mama Lengser, geura anteurkeun loetoeng ka goenoeng."

„Noen, pangoeloe tandang, soemoehoen darma panjaoer."

Tjedok njembah, djoet toeroen.

„Hajoe, Sanghjang loetoeng, tjoeang miang."

Inggoek; noetoerkeun.

Karang lemboer hade deui.

Katjatjang Lengser noe angkat,
memeh angkat keupat heula,
bisi poegag nja ngalangkah,
kodomong loetoeng pandeuri,
leumpangna doemontja-dontja,
boentoet bereleng kantjana,
hoeroengna sariga lajoeng,
herangna sariga bentang,
boentoet emas ditjentangkeun,
metoe lawang mandjing lawang,
metoe di lawang pingpitoe,
datang ka lawang pingsanga,
dangdeung ka paseban ageung,
doeg datang ka aloen-aloen,
parapas ka lawang loear,
medal di lawang saketeng,
koelantoeng toeroet loeloeroeng,
loeloeroeng tiloe ngabandoeng,
kaopat noe keur didjaga,
kalima heuleut-heuleutan.