Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/297

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
231
 

Geus dioengkoelkeun kari saketokeun bae.

Diharewosan koe dewata: „Indji, geura metjoet koe njere laki.”

Djepret gebraj moending miroepa tetenong.[1]

„Tjing, ngeunah mana, ngeunah mendi, geura asaän.”

Pada ngasaän saoejoep sewang, henteu mahi kedjona, gila koe poelen boeatan Poerba sari, dipalidkeun saparoeng mo peuraj.

„Koemaha Djaksa nagara, oetama da boeat nagara?”

Soeroepoet soeroepoet diasaän belel, weureu olahan boeatan nagara, saoerang deui njeuleuan waloeh, sahoeloe djadi saboekoer, ditjotjol gedag djeung areujna, pindang hajam ditjotjol ngarondjat keupeul.

„Kawon, Djaksa,” nagara oersih.

2.

„Teu weleh ngadoe gawe teu tarima kawon, tjoeang parea-rea samping, kami mah geus ngoendoeng-ngoendoeng tiloe poeloeh.”

„Teteh, oendoer basa boedak keneh teu bisa njieun samping, pati si-adi lega beurang, lega peuting.”

Geus dioengkoelan kari saketokeun bae.

Tjlok toropong hareupeun Poerba sari, teu tembong anoe nendang.

Beubeutkeun, djepret, gebraj samping sawidak lima.

Dipareboetkeun koe Djaksa pidjimateun; kakara manggih ajeuna samping batan kieu aloesna.

„Djaksa nagara, koemaha, loehoer noe kami, oenggoelanana?”

„Lain masinikeun oenggoelan, meunang ninoen gila koe madoeng, montjoran beuti gadoeng.”

„Kawon, Djaksa,” nagara oersih.

3.

„Teu tarima kawon, tjoeang papandjang-pandjang kasang.”

„Teteh, sok kabina-bina teuing, oendoer basa boedak keneh.”

„Rea wangsoelan: gobang pondok pangetokan,

gobang pandjang pamantjasan.”

Geus dioengkoelan kari saketokeun bae.

Tjlok toropong deui hareupeun Poerba sari; dibeubeutkeun, djepret, gebraj kasang toedjoeh laboehan kagoengan Poerba sari.

„Tjing, pandjang mana, pandjang mendi, nagara djeung oerang sisi.”

  1. Pinasti diwaloerikeun teu hade metjoet moending koe njere laki, poesaka ti Poerba sari.