Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/298

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
232
 

Tjek Djaksa: „Poerba sari reana toedjoeh laboehan, ditilik gila koe pandjang nja soteh teu boga wewenang kagoengan Mas Poerba sari.”

„Koemaha, Djaksa, nagara loehoer noe kami oenggoelanana?”

„Lain masinikeun oenggoelan pandjangna.”

„Da boeatan nagara mah,
bagedoegna koerang tinggoer,
tarik toendjang kendor pakan.”

„Ti sisi goenoeng-goenoengan,
tjarangtjang montjoran katjang,
hade eukeur njair bintjang,
boeatan Mas Poerba sari.”

Ger oersih: „kawon, Djaksa kolot.”

4.

„Teu katarima kawon, tjoeang palenggik-lenggik soesoe djeung si-adi.”

„Teteh, sok leuih teuing wiwirang si-adi soesoe mah, koemaha dilenggik-lenggikna?”

Geus dioengkoelan kari saketokeun bae.

Diharewosan koe dewata: „Indji, geura nangtoeng toeroet bae.”

Prak dikarembongan:

karembong tjawiri poetih,
ngareka loeareun krembong,
hoeloe soesoe noendjoek iroeng,
djoedjoeloek sasangga waroe,
ditilik gila koe loetjoe,
taja batan poetri boengsoe,
tetenger djadian agoeng,
hade keur pawarang ratoe,
taja batan Poerba sari,
pangaroeh teureuh noe pasti.

„Koemaha, Djaksa kolot?”

Oetama diawaskeun djiga karang hoeloe koerang kapoek, lepet djiga letah andjing.

Ger oersih: „kawon pangoeloe tandang nagara,”

5.

Teu tarima kawon, tjoeang pageulis-geulis, geura nangtoeng.”

„Djoeng nangtoeng.

„Tjing, geulis mana, geulis mendi oerang nagara djeung oerang sisi, Djaksa, Poerba sari heula.”