Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
18
 

ngan kekerenjedan bae,
nja dina dampal panangan,
geus heubeul teu nampilingan,
henteu nampilingan semah,
hajoe oerang silihawoer,
silihawoer pangaweroeh,
reudjeung oerang silihboera,
silihboera pangabisa,
pada mantekkeun kasakten,
pada ngoembar kaendahan,
djeung sasana boedak ngora,
tjarekna Nimbang Waringin,
aïng daek boga maroe,
njeta boga maroe sia,
lamoen saroea djeung aïng,
njeta saroea geulisna,
ajeuna mah oerang papak,
papak tanding ngadoe djoerit.
papak tanding ngadoe geulis,
nerapkeun balabar kawat,
balabar kawat salembar,
papanggoengan opat poeloeh."

Ohek deui, ohek deui noe ngareuhak ka Soemoer Bandoeng, mani geus nam- broe reuhak dina lahoenan.

Segor noe kasep Rangga Wajang, pokna: „naha sia Soemoer Bandoeng kawas boeëuk beunang mabok bae, ajeuna koe sia geura lawan, ditimboeroekeun enggeus, ditjarekan euggeus, angoer penta bae sakalian tjarogena, ngambek soengkoen, perang lawan!”

Ari saoerna Soemoer Bandoeng ka Nimbang Waringin, pokna: Eteh, moegi oelah bendoe, koering mah sedja rek lalandjang, rek boeboedjang, kitoe soteh ari ditampa, ari teu ditampa mah mo maksa."

Boro toeroes djalma aloes,
klendjer djdema bener,
wong bebet djelema hade,
boro mah geureuha ratoe,
njaoer mah tara dioekoer,
njabda teu dioenggang-oenggang.

„Aeh, Nimbang Waringin, naha njatjapek teh djangdji ngagablag, njarekan: si-monjong, si-peot, si-doesoen mdedoeg, djeung njimboeroekeun teu poepoegoeh, toempang terka ka noe saliwat; mana kitoe ge koe mggeus teu koeat njaroengan njaboekan, ajeuna tjaroge sia kadieukeun bae, soegan mah aing ge koeat njaroengan, njaboekan, dibikeun teu dibikeun koe aing dipenta.”

Hanas ngadjak papak tanding,
sok baë geura nerapkeun,