Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
19
 

balabar kawat salambar,
djeung nerapkeun papanggoengan,
opat poeloeh teh geura pek,
silihawoer pangaweroeh,
silihboera pangabisa,
oerang ngoembar kaendahan,
teu timoe itoeng goegoeroe,
teu bisa itoeng patanja.

Enggalna noe geulis Nimbang Waringin geuat bae ngarontok, da rasa maneh dilawan koe semah. Barang ngarontok, koe Njai Soemoer Bandoeng ditjentok: bloek nangkoeban, datang ti toekang, disepak: blak nangkarak, datang ti gigir dibanting: bloek njoeoeh. Barang kitoe toeloej bae ngatjir loempat, kawantoe teu bisa males.

Koleang anoe keur loempat,
loempatna ka padaleman,
menta toeloeng ka maroena,
bari boeoek ngariringkik,
soempingna ka padaleman,
ka maroena opat poeloeh,
bari njaoer kieu pokna:
„ajeuna Si-soemoer Bandoeng,
beuki tjoetjoed beuki boeroeng.”

Ditimboerakeun kalah menta tjaroge, diadjak ngadoe geulis ngalawan; „mangga atoeh ajeuna oerang hoeroep koe sararea, sageuj oerang teh eleh koe Si-soemoer Bandoeng, lamoen atjan ngosohkor babatok, bedjad tangkoerak, tatjan poeas koering teh, kongan ngalawan ka priboemi ; soemar.gga geura terapkeun balabar kawat salambar, papanggoengan opat poeloeh.”

Enggalna noe geulis Nimbang Waringin sareng paramaroe-maroe toeloej darangdan, kawantoe noe rek ngahoeroep moesoeh.

Meunang toedjoeh poë toedjoeh peuting Nimbang Waringin ngome geloeng woengkoel.

Seblak menak anoe dangdan,
djeung maroena opat poeloeh,
ka loehoer ngarampa geloeng,
ka handap ngarampa sindjang,
rongkongna ka djero kobong,
ringkangna ka kadjoearan,
njandak kompor panganggona,
rampid teh kompor djeung sisir,
seblak noe geulis meresan,
tjarentik pabalik-balik,
tjarentang papoelang-poelang,
paragi doejoeng njaroenggoeh,
paragi pelet njarantel,
soesoen gdoengna sapoeloeh,