Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/38

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
20
 

neëpna mani salawe,
oempakna geloeng salapan,
ngala djabing ti tjepil,
reana salawe siki,
ngaloemat dina tarangna,
reana salawe lambar,
dikaweul koe iboe leungeun,
disoeroepkeun koe djaridji,
ditepak koe pigeulangna,
sangkan eta gdoeng rantjoeng,
malar rantjoeng ka katoehoe,
mangkana tjapang ka kentja,
tjeplak nonggong koleangkak,
heong geloeng lir badodon,
sedeng odoj sedeng denok,
sedeng loegaj sedeng lendjang,
eta gdoeng hamo oetjoel,
hamo oetjoel koe satahoen,
moal loegaj koe saboelan,
parantos beunang digdoeng,
njandak deuï beubeur beuteung,
beubeur beuteung tjinde beureum,
tjoemeket benten kantjana,
benten noe sadjeungkal tea,
lain benten noe merean,
tjangkeng noe merean kenen,
sindjangna siringsing wajang,
noe mahal ditatar wetan,
parerene ditedoenan,
sok mongplo noe nganggo inja,
saloempir sarangka bitis,
saroebang sarangka awak,
tapak gdoeng djeung kangkaloeng,
siger bengker djeung pamener,
basana anoe disindjang,
kadjeun kendoe lebah boedjoer,
kadjeun langsit lebah birit,
soepaja nangtoeng ka loehoer,
pikeun noengkoes semoe deungeun,
bedang mah teu kanjahoan,
njandak deuï ali tjingtjin,
ali piroes dina tjoeroek,
widoeri dina djaridji,
nganggona geulang dalapan,