Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
21
 

njandak deuï soeweng rorong,
soeweng rorong tata ganggong,
toetoepna emas talanggong,
dipoentjakan inten ngora,
sereg soeeng didedetkeun,
reup peureum peupeureudeujan,
kadjeun peureus damo sieup,
kadjeun njeuri damo geulis,
sadia beunangna dangdan,
sakabeh pawarang ratoe,
opat poeloeh poendjoel doea,
ngabaris beunangna dangdan,
dangdanna di padaleman,
djeung teundeun di padaleman,
anoe enggeus pada dangdan,

Tjatoerkeun di paseban anoe geulis Soemoer Bandoeng.

Ari tjek Langen Sari: „Njai, atoeh geura dangdan; geureuha ratoe geus dangdan kabeh.”

Djawabna Soemoer Bandoeng: „mangga, tapi engkang, koering anteur heula rek siram ka koelah Djamban rarangan, rek ngoembah reuhak Nimbang Waringin.”

Koleang Nji Soemoer Bandoeng,
inditna ti pangtjalikan,
loegajna ti waton randjang,
leuleus keupat bisa angkat,
leuleus pigeulang panangan,
leuleus batan awi tali,
awi tali anoe ngora,
ditjoekangan monjet mandah,
manan potong kalah ngdaj,
enggeus soemping kana koelah,
nja eta Djamban larangan,

Saoer Soemoer Bandoeng: „Engkang, geura antosan, koering rek siram, ngoembah reuhakna Nji Nimbang Waringin,”

Ketjeboer noe geulis mandi,
Soemoer Bandoeng kokodjajan,
ngaroeroe oenggal boeboekoe,
dikasaj oenggal roeasan,
nja keusik-keusik barentik,
nja tjadas-tjadas lalesang,
pake siram koe noe geulis,
anoe geulis Soemoer Bandoeng,
noe hideung sariga teuleum,
noe hedjo sariga dano,
parantos beunangna siram,