Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/40

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
22
 

Saoer Soemoer Bandoeng: „engkang, soemangga oerang moelih ka paseban, da parantos siram teh.”

Koleang noe ka paseban,
mendoeng bari papajoengan,
dek ngaroengroeng manggih moesoeh,
soempingna teh ka paseban,
seblak Soemoer Bandoeng dangdan,
rongkongna ka djero kobong,
ringkangna ka kadjoearan,
njandak kompor panganggona,
rampid komporna djeung sisir,
seblak noe geulis meresan,
tjareutik pabalik-balik,
tjarentang papoelang-poelang,
hapoer kembang galing moentang,
paragi doejoeng ngaroenggoeh,
paragi pelet njarantel,
soesoenna gdoeng sapoeloeh,
neëpna mani salawe,
oempakna mani salapan,
ngalaloemat dina tarang,
nepak gdoeng koe pigeulang,
tjeplak nonggong koleangkak,
ngaheong sada badodon,
sedeng odoj sedeng denok,
sedeng loegaj sedeng lendjang,
sedeng gindi sedeng geulis,
parantos anoe digdoeng,
njandak deuï beubeur beuteung,
beubeur beuteung tjinde beureum,
tjoemdkd benten kantjana,
benten noe sadjeungkal tea,
lain benten noe merean,
tjangkeng noe merean kenen,
sindjangna giringsing wajang,
noe mahal di tatar wetan,
mahal oge ditedoenan,
sok mongplo noe nganggo inja,
saloempir sarangka bitis,
saroebang sarangka awak,
tapoek gdoeng djeung kangkaloeng,
siger bengker djeng pamener,
basana anoe disindjang,
kadjeun kendoe lebah toeöer,