Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/41

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
23
 

kadjeun kendoe lebah boedjoer,
kadjeun langsit lebah birit,
soepaja nangtoeng ka loehoer,
makana njoewar da handap,
ambeh babari ngalengkah,
parantos anoe disindjang,
ali tjingtjin dina tjinggir,
ali piroes dina tjoeroek,
widoeri dina djaridji,
nganggona geulang dalapan,
soeeng rorong tata ganggong,
toetoepna emas talanggong,
dipoetjakan inten ngora,
sereg soeeng didedetkeun,
ret bentik ngalingga manis,
sadia beunangna dangdan,
noe geulis Nji Soemoer Bandoeng.

Oerang toenda tjarita noe geus dangdan.

Oerang njatoerkeun noe kasep Kalang Soetra, enggalna njaoer ka Si Lengser, pokna: "Lengser, koe sia bende geura takol, koempoelkeun rahajat oerang kabeh".

Toeloej Si Lengser geuat indit bari nakolan bende. Mani ngoengkoeng sora bende di aloen-aloen, enggalna goedjroed oerang pilemboeran rahajatna; pok ieu: "bende naon?" pok ieu: "bende naon?"

Ari tjek noe saoerang: "bedjana djoeragan oerang rek papak tanding ngadoe kageulisan; koempoelan patih, perdjoerit, toemenggoeng, soldadoe, djaksa, goelang-goelang pada njarandak parabot kabeh, geus heurin oesik kasaeor koe tangtoeng di nagara Koeta Waringin girang, endar noe nawarkeun balabar kawat, papanggoengan opat poeloeh". Barang geus kitoe noe kasep Kalang Soetra toeloej njaoer ka Langen Sari, pokna: "Langen Sari, geura man, doeloer silaing bawa, ajeuna oerang adoekeun kageulisanana!"

Ari tjek Langen Sari: "mo enja semah noe heula, koedoena ge priboemi noe ti heula; geura man, pawarang ratoe tembongkeun". Toeloej Kalang Soetra njaoer ka Si-lengser, pokna: „Lengser, geura kaloearkeun pawarang ratoe, djeung sia koedoe manggoel pajoeng iringkeun kana balabar kawat salambar".

Lengser sanggeus beunang dangdan, toeloej geuat ngalaan sosi lawang padaleman. Barang geus diboeka lawangna, riab pawarang ratoe opat poeloeh poendjoel doea, arangkat ka aloen-aloen kana balabar kawat salambar, ngalioed pawarang ratoe dina papanggoengan.

Ear soerak kalantaka,
morobot lemboer panorop,
saraoeh roetjoekna beusi,
tjampoer djeung boerang malela,
toembak tjagak paloe beusi,