Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/42

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
24
 

pinoeh dina aloen-aloen,
limpas di djalan prapatan,
noe laladjo ngadoe geulis.

Kotjapkeun noe kasep Langen Sari, barang ningal jen pawarang ratoe geus riab, geuat bae njandak doehoeng kaboejoetan djeung ali beusi galigiran. Noe kasep Rangga Wajang njandak roeas djimat Si-oendoer-oendoer, bereset anoe dikandoeng Nji Soemoer Bandoeng. Enggalna bral bae kana balabar kawat salambar.

Inditna ti pangtjalikan,
loegajna ti waton randjang,
koeriling noe ngala hoerip,
nendjrag lemah toedjoeh kali,
mepet bajoe toedjoeh lengkah,
ngarah dawoeh anoe lima,
ngarah poë anoe toedjoeh,
koleang gandeuang angkat,
tjetjetrekan djodjogedan,
rampajak babadajaan,
tjawet poeril poepoerikil.

Bat Rangga Wajang djeung Langen Sari, bat deui Soemoer Bandoeng djeung panakawanna Nji Ogem, soemping kana balabar kawat salambar.

Barang geus soemping ka aloen-aloen, geuat noe kasep Kalang Soetra mapagen bari pokna: „geura pek, geura lawanan koe Soemoer Bandoeng".

Ari tjek Langen Sari : „priboemi heula, geura pek kana balabar kawat salambar!"

Enggal geureuha ratoe noe opat poeloeh toeloej loentjat kana balabar kawat.

Ari noe geulis Soemoer Bandoeng ngan ngadoekeun panakawanna, saoerna: „Nji Ogem, panglawankeun pawarang ratoe noe opat poeloeh!"

Toeloej Nji Ogem ngagedogkeun salirana, ngadjadikeun noe geulis taja tandingna.

Barang geus kitoe, Nji Ogem toeloej dihapit koe moesoehna noe opat poeloeh.

Langen Sari pok njaoer: „Patih, Perdjoerit, Toemenggoeng, Soldadoe, masing awas! geura deuleu koe beungeut, lintang koe sotja, geulis mana doeloer dewek, djeung pawarang ratoe?"

Tembalna Patih, Perdjoerit, Toemenggoeng, Soldadoe: pok ieu „geulis noe tengah".

Ari tjek Rangga Wajang: „koemaha katarana geulis?"

Tembalna Patih djeung sararea, pokna: „geloengna pantjoeh, panganggona rapat, tjahajana teu aja anoe ngoengkoelan".

„Koemaha pawarang ratoe katarana eleh?" tjek Langen Sari.

Djawabna Patih djeung sararea: „noe doea poeloeh teu bisa nganggo, kararendoe papakeanana; noe doea poeloeh deui teu bisa digeloeng". Pok ieu „eleh", pok ieu: „eleh pawarang ratoe noe opat poeloeh!" Ngadjerit Nimbang Waringin, pokna: „Soemoer Bandoeng sia ngeleh-ngelehkeun priboemi, hajoe djeung aing sia pilawaneunana!"

Loentjat Nimbang Waringin djeung maroena Nji-djoerit Hadji kana balabar kawat salambar. Nja kitoe deui noe geulis Soemoer Bandoeng geuat loentjat; toeloej dihapit koe moesoehna noe doea.