Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/43

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
25
 

Tjek Langĕn Sari: „masing awas patih, perdjoerit, geulis mana Soemoer Bandoeng djeung Nimbang Waringin atawa Nji-djoerit Hadji?"

Goedjroed sanagara, pokna: „geulis semah, geulis semah."

Tjek Langĕn Sari: „koemaha katarana?"

Djawabna djaksa: „ari Soemoer Bandoeng gĕloengna pantjoeh, panganggona rapat, anoe matak djadi kasilĕp pawarang ratoe noe doea."

Saoerna Rangga Wajang: „koemaha katarana eleh geureuha ratoe?"

Djawabna djaksa: „Nji-djoerit Hadji bĕnĕr panganggona rapat, gĕloengna pantjoeh, ngan handjakal garareuneuk teu aja tjahjaan. Ari Nimbang Waringin gĕloengna saroea, panganggona saroea, ngan handjakal oerat tarangna sagĕde haloe loeloempang, pangaroeh djĕlĕma bĕdang."

Gĕr noe soerak dialoen-aloen, pokna: „geureuha ratoe eleh deui, geureuha ratoe eleh deui!"

Nimbang Waringin keuheuleun ka Soemoer Bandoeng, ari pokna: „ajeuna Soemoer Bandoeng, oerang papandjang-pandjang boeoek."

Tjek Langĕn Sari ka Soemoer Bandoeng, pokna: „lawan bae."

Nimbang Waringin djeung Soemoer Bandoeng toeloej loentjat kana balabar kawat; baradal ramboetna dioedar.

Tjek Rangga Wajang: „oerang Koeta Waringin, deuleu koe beungeut, lintang koe sotja, pandjang mana ramboet Soemoer Bandoeng djeung Nimbang Waringin?"

Djarawabna: „saroea! saroea! saroea!"

Ari tjek Rangga Wajang: „tjik deupaan."

Barang pek dideupaan, noe geulis Nimbang Waringin aja opat deupa, ari noe geulis Soemoer Bandoeng aja lima deupa; djadi geureuha ratoe eleh sadeupa, toeloej sakabeh ngomong: „eleh."

Djĕrit nangis Nimbang Waringin bari njaoer, pokna: „katjida teuing sia Soemoer Bandoeng ngeleh-ngelehkeun priboemi, manan oetjoel kalah boeroek, hajoe, ajeuna oerang patapis-tapis dina kĕris."

Tjek Rangga Wajang: „Soemoer Bandoeng geura lawan bae."

Enggalna Njai Nimbang Waringin toeloej njandak doehoengna toeang raka Raden Kalang Soetra bari loentjat kana balabar kawat, didioekan doehoeng perahna.

Soemoer Bandoeng nja kitoe deui njandak doehoengna toeang raka Raden Langĕn Sari sarta barina loentjat kana balabar kawat, didioekan doehoeng tjongona.

Saoer Rangga Wajang: „tapis mana doeloer Kalang Soetra djeung doeloer dewek?"

Pokna noe rea: „tapis keneh Soemoer Bandoeng."

Tjek Rangga Wajang: „koemaha katarana tapis?"

„Ari Soemoer Bandoeng mah dioekna dina tjongo doehoeng, sarta kawatna teu mĕlĕndoeng", tjek sararea.

„Na koemaha ari Nimbang Waringin?" tjek Rangga Wajang.

Pok noe rea : „ari Nimbang Waringin mah dioekna dina landean sarta kawatna mĕlĕndoeng".

Gĕr soerak sanagara: „Nimbang Waringin kawon".

Pok deui Nimbang Waringin, njaoer: „Soemoer Bandoeng, hajoe, ajeuna