Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/44

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
26
 

oerang silihawoer koe pangaweroeh, ajeuna oerang paloba-loba banda".

Tjek Rangga Wajang ka Soemoer Bandoeng: „geura lawan bae, montong inggis".

Toeloej noe geulis Soemoer Bandoeng njaoer ka panakawanna Nji Ogĕm, pokna: „Ogĕm, geura kadieukeun tjoepoe tea".

Enggalna tjoepoe toeloej disanggakeun koe Nji Ogĕm; sanggeus ditampanan tjoepoe teh toeloej ditaplokeun koe noe geulis Soemoer Bandoeng, nja ngadjadi barang sabeulah aloen-aloen.

Demi pokna Langĕn Sari: „heh, oerang Kota Waringin, banda geura toembakankeun loba mana?"

Mimitina noembakan barangna Njai Nimbang Waringin: loehoerna opat ratoes toembak, lĕgana opat ratoes toembak pasagi. Geus kitoe noe Njai Soemoer Bandoeng: loehoerna lima ratoes toembak, lĕgana lima ratoes toembak pasagi; djadi noe eleh Nimbang Waringin.

Gĕr sanagara soerak kabeh, „pawarang ratoe eleh, pawarang ratoe eleh!"

Tjek Nimbang Waringin: „sia, Soemoer Bandoeng, beuki tjoetjoed, beuki boeroeng; aing kieu eleh, kieu eleh, hajoe, ajeuna oerang paseungit-seungit tai".

Saoerna Langĕn Sari ka Soemoer Bandoeng: „geura lawan bae, wajahna meureut andjeun".

Tjatoerkeun Nimbang Waringin meunang toedjoeh poë toedjoeh peuting tatamboel tjĕngkeh, tjabe areuj, djeung sagala kĕmbang-kĕmbang noe sarareungit.

Kotjapkeun Nji Soemoer Bandoeng, lakotoj sangkeloh mando, boel ngoekoes; neundeun saoer toengtoeng koekoes, panĕdja ka noe kĕrĕsa. Dĕmi saoerna: „Soenan Iboe, koering njoehoenkeun boboreh Batara Goeroe".

Tidinja harita diragragan tjoepoe ti sawargaloka, kĕploek kana lahoenan Soemoer Bandoeng, eusina boboreh Batara Goeroe, seungitna angin-anginan, tĕroes kana dangdaoenan, njirĕt kana tatangkalan, watara toedjoeh djongdjonan.

Ajeuna oerang tjarioskeun deui Njai Nimbang Waringin saoerna: „Lengser, geura tandean aing rek ngising."

Koe Si Lengser oepih ditengkorkeun, pokna: „gan, hĕmpet bisi ngadjoeroeloeng!"

Barang ngambeu tai Nimbang Waringin, Si Lengser oetah.

Ari noe geulis Nji Soemoer Bandoeng mah koe akal keneh bae, nja eta boborehna Batara Goeroe noe didjieun tai; toeloej njaoer ka rakana Rangga Wajang, pokna: „ĕngkang, koering rek ngising."

Enggalna koe Rangga Wajang dipangnengkorkeun oepih, toeloej koe Soemoer Bandoeng ditamplokeun boborehna Batara Goeroe kana oepih tea.

Tjek Kalang Soetra, pokna: „Langĕn Sari, geura man, adoekeun taina".

Tembalna Langĕn Sari: „koedoe priboemi ti heula."

Kalang Soetra toeloej njaoer ka Si Lengser: „Lengser geura bawa tai Nimbang Waringin".

Si Lengser ngahoelĕng bari pokna: „wajahna bae da noe ngawoela".

Si Lengser mawana tai Nimbang Waringin, diharoedoeman sarta bari tanggah leumpangna, lamoen toengkoel da sok ongkek.

Barang datang ka pangadoean, djĕlĕma sanagara aroetah kabeh, baoeëun tai Nimbang Waringin.