Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/46

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Rangga Wajang babalapan,
sarta djalanna ka leuweung,
barina ngagembol eneng,
mipir pasir njoekang lĕbak,
soempingna ka aloen-aloen,
ka noe geulis Soemoer Bandoeng.

Tjeuk noe geulis Soemoer Bandoeng: „ĕngkang, koemaha moending teh, meunang atawa hĕnteu?"

Saoerna Rangga Wajang: „meunang, tah ieu dina gembolan".

Kĕdĕproek enengna titingkoeheun, sanggeus beunang ngalaan ringkoesanana.

Ari pokna Soemoer Bandoeng: „engkang, keur naon ieu eneng, da mo koeat diadoekeun!"

Saoerna Rangga Wajang: „keun heulaanan, sina meunang toedjoeh poë, ĕngke di mana ĕnggeus pogot njoesoe diadoekeun".

Tjatoerkeun noe kasep Kalang Soetra njaoer ka Rangga Wajang, pokna: „mana moending teh, meunang ta henteu."

Wangsoelna Rangga Wajang: „boer bae moending silaing geura kĕntjarkeun."

Tidinja dikĕntjarkeun koe Si Lengser moending Nimbang Waringin; gĕr pada njoerakan, moending toeloej brĕk tĕpak dĕkoe barina boentoetna njawĕt.

Koe noe kasep Rangga Wajang, eneng teh, diasong-asongkeun ka moesoehna, eneng toeloej totondjolan, sosongkolan maroekankeun indoengna. Barang dikĕntjarkeun eneng njĕwoek ka moendingna Nimbang Waringin, dibanting koe moending Nimbang Waringin eneng teh ngentja, ngĕdjat ka katoehoe, toeloej moending neunggar, barang diteunggar eneng loentjat ka toekang ngegel kontol moending ganjol pageuh pisan; goeroedoeg moending Nimbang Waringin kaboer, totondjolan, sosongkolan, eneng teh ngan montel bae.

Enggalna ear soerak kalangtaka, goedjroed sanagara njoerakan: „moending Nimbang Waringin eleh".

Nimbang Waringin tambah keuheuleun ka Soemoer Bandoeng, enggalna toeloej ngarontok. Barang ngarontok koe noe geulis Soemoer Bandoeng ditjĕntok; bloek nangkoeban, datang ti toekang disepak, blak nangkarak. Barang rek ngarontok deui, ditewak ramboetna Nimbang Waringin teu tempo deui salirana diïrik koe Soemoer Bandoeng.

Geus kitoe djĕrit noe nangis,
nja eta Nimbang Waringin,
menta toeloeng ka maroena,
maroena noe opat poeloeh :
„geuat geuat mangka gantjang,
kami ajeuna diïrik,
koe ngaran si-Soemoer Bandoeng."

Boeroedoel pawarang ratoe noe opat poeloeh, toeloej pada ngahoeroep ngarontok ka Soemoer Bandoeng, patoempang tindih. Tapi Soemoer Bandoeng mah, tjlok di tĕngah, barang maroena Nimbang njabok, ana keuna, ka maroena keneh bae.

Gantjangna Soemoer Bandoeng menta toeloeng ka rakana Raden Langĕn