Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/47

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Sari, pokna: „ĕngkang, geura toeloengan, koering dihoeroep koe sararea!"

Barang oeninga Langĕn Sari, reup geuneuk raj pias, djĕbet katorekan, tjawĕt poeril poepoerikil, toeloej geuat newak geureuha ratoe noe opat poeloeh, sarta dialoeng-aloengkeun ka padalĕman, paboerantak geureuha ratoe.

Kalang Soetra barang ningali, reup geuneuk raj pias, saoerna: „Langĕn Sari, pĕrang make digoegoeloekeun, sia mah djeung aing pada lalaki, deuleu kana naon ieu ali beusi aing pibĕkeunana".

Ari tjek Langĕn Sari: „bĕk bae kana naon koemaha karĕp sia: hajang oedoeh kana tjadoek, hajang teuas kana tarang, bĕnĕrkeun kana sotja pisan tamba lamoer."

Enggalna Kalang Soetra ngarontok ka Langĕn Sari, tapi koe Langĕn Sari ditjĕntok, bloek nangkoeban, datang ti toekang disepak, blak nangkarak, datang ti gigir dibanting, bloek njoeoeh; barang njĕwoek rek neunggar papaliwat, ditewak koe Langĕn Sari, kiliwing dioewang-awing.

Saoer Langĕn Sari: „kana naon ali aing pibĕkeunana?"

Djawabna Kalang Soetra: „montong loba tjarita, geura bĕk bae, kana naon kahajang sia".

Djengke, Langĕn Sari njabok Kalang Soetra mani nongtrongan sada kohkol.

Ari tjek Kalang Soetra: „pek toedjoeh likoer kali deui mah."

Saoer Langen Sari: „sia totorog menta emboh, menta hoeöet ka noe noetoe, loba di aing oge sakitoe mah".

Enggalna dipaoet doehoeng Langĕn Sari noe ngaran si-toendoeng moesoeh, dioelangkeun kana sotjana, ngagĕndjreng toetoeh tonggongna, gorolong ditĕwĕk didĕdĕtkeun, njoed-njĕd, manan teurak kalah ngĕloek.

Tjek Kalang Soetra: „Langĕn Sari, ajeuna dewek rek malikeun!"

„Seug geura malikeun" saoer Langĕn Sari.

Toeloej geuat Kalang Soetra newak Langĕn Sari sarta barina njabok, djengke, kalah mangplangan sada kohkol, ngĕntoeng sada toetoenggoelan.

Tjek Langĕn Sari: „pek toedjoeh likoer kali deui mah".

Saoer Kalang Soetra: „totorog menta emboh, deuleu kana naon doehoeng dewek noe ngaran si-sĕmpana tjondong nantjĕbna."

„Pek bae, karĕp sia", tjek Langĕn Sari.

Barang ditinggangkeun:

Kana sotjana ngagondjrang,
toedjoeh tjangkeng ngagereleng,
noetoeh tonggong ngagorolong,
ditĕwĕk djeung didĕdĕtkeun,
didĕdĕtkeun kalah njoednjĕd,
doehoeng teu daekeun neurak,
pĕrang geus taja pakarang,
Langĕn Sari teh ditewak,
ditewak pananganana,
sarta dideupa dadana,
ditintjak indoeng soekoena,
disĕndal koe Kalang Soetra,