Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/48

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

bet kalah bĕngkoeng pamikoel,
hitoetna ge teu kasered.

Saoer Kalang Soetra: „Langĕn Sari, sia mah ngadjĕboeg ngadjangkar haoer."

„Djangkaran mah tjektjekan, kadekan; soengkal koe haloe toedjoeh", tjek Langĕn Sari.

Saoer Kalang Soetra: „ridoe pĕrang mamawa haloe".

„Seureuh beureum nanggeuj tangkaj, tjetek nja wawanen, ka aing sia goegoeroe kawĕdoekan", tjek Langĕn Sari.

Saoer Kalang Soetra: „kitoe patoet; manan aing rek goegoeroe, anggoeran aing rek ngaroeroekeun ka sia!"

Wangsoelna Langĕn Sari: "naha aing geuning teu kasered".

„Meureun maneh tanaga noe euweuh", tjek Kalang Soetra.

Wangsoelna Langĕn Sari: „tjoba, ajeuna kari aing malikeun".

„Baeu, geura malikeun", tjek Kalang Soetra.

Enggalna Langĕn Sari geuat newak pananganana Kalang Soetra, deupa dadana, tintjak indoeng soekoena, dĕmpoel koe toeöer, seundak koe Langĕn Sari; pĕk gĕlĕtĕk noe pĕrang galoengan.

Kalang Soetra teu bisa ngalaga pĕrangna.

Ana toengkoel bĕk ti loehoer,
ana tanggah bĕk ti handap,
ana dek ngoelang disamboet,
gobangna pagalang-galang,
pĕndokna patjorok-tjorok,
kĕrisna pahĕmpik-hĕmpik,
ana dek ngengtjang ditewak,
ana kokang bĕk ditadjong,
ari nangkarak dileak,
nete sĕmplek nintjak sĕmplak,
njoeroewoek kawas boeroedjoel,
gĕnĕp-gĕnĕp wĕlas deupa.

Beuki lila, beuki teu bisa ngalaga pĕrangna Kalang Soetra.

Naradjang kaoeng nganjoendjoeng,
naradjang wahangan njengtjang,
kapoel beunangna taroeng,
kaala beunangna tapa,
dek taroeng sabraha taoen,
dek pĕrang sabraha boelan,
diseundak ka tĕbeh kidoel,
manggih toenggoel digoesroekkeun,
manggih tjatang digasahkeun,
nodjer kana goenoeng roegroeg,
nintjak kana tjadas rĕmpag,
nja tjatang pagalang-galang,
nja kaï patoempang tindih,