Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/50

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Leungit heulang, timboel tjampaka warna; leungit saeran, timboel bangbara. Kĕmbang diseuseupan diseureudan.

Leungit tjampaka warna, djadi deui Nimbang Waringin; koleang loempat ka aloen-aloen.

Leungit bangbara, djadi deui noe geulis Soemoer Bandoeng; ngoedag ka aloen-aloen.

Barang rek kasoesoel, Nimbang Waringin lĕs leungit, timboel keujeup kapiting.

Tjek Soemoer Bandoeng: „sia ngadjadi keujeup kapiting, aing koedoe ngadjadi sero, keujeup eleh koe sero".

Leungit keujeup kapiting, timboel andjing, andjing ngoedag sero.

Barang sero geus limpeu, dioedag andjing, lĕs leungit timboel kĕroed. Kĕroed malikan ngoedag andjing, andjing sosongkolan dioedag kĕroed.

Leungit andjing, ngadjadi sagara di aloen-aloen. Kĕroed ngadjadi boehaja, totondjolan dina sagara.

Leungit sagara, timboel deui Nimbang Waringin. Leungit boehaja, timboel deui Soemoer Bandoeng. Ditewak Nimbang Waringin ramboetna koe Soemoer Bandoeng, ditjangreudkeun kana tangkal tjaringin, dibawa loempat, loempat sagĕde kawat kapalang.

Sanggeus kitoe, malikan Nimbang Waringin, ramboet Soemoer Bandoeng ditjangreudkeun kana tjaringin, dibawa loempat sagĕde kawat kapalang.

Soemoer Bandoeng enggalna mikir dina djĕro batin, ari pokna:„beu, lamoen pĕrang kawas kieu mah, hamo aja toengtoengna, anggoeran rek njoehoenkeun ditaloekeun bae ka Soenan Iboe di sawargaloka".

Koleang Soemoer Bandoeng ka sawargaloka:

Inditna ti pangtjalikan,
loegajna ti pangtapaan,
panangan disidakĕpkeun,
sampean ditanghoendjarkeun,
sĕmproeng menak ngawang-ngawang,
tarik batan mimis bedil,
lĕpas batan koeda loempat.
Ari tjek Nimbang Waringin, pokna:
„Aeh-aeh Soemoer Bandoeng,
sia rek loempat ka mana,
anggoer oerang silihawoer,
silihawoer pangawĕroeh,
silihboera pangabisa,
oerang mantekkeun kasakten,
aing ge ngapoeng paranti."

Soemproeng Nimbang Waringin ngoedag Soemoer Bandoeng ka awang-awang.

Pahiri-hiri djeung geuri,
paheula-heula djeung heulang,
tanding djogdjog moro bodjong,
moro panonobanana,