Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/51

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

tanding heulang pateuh djangdjang,
tanding walik pateuh pingping,
awak wawoeh djeung noe lĕmboet,
loma teuing djeung dewata,
awak ampoel tanding kapoek,
awak hampang tanding kapas,
lĕnting sagĕde papanting,
lĕntong sagĕde papatong,
soekma diboeloe manoekkeun,
loba poho batan ingĕt,
bari ĕntĕr-ĕntĕr bae.

Barang geus deukeut, Nimbang Waringin ngoedagna ka Soemoer Bandoeng toeloej njaoer, pokna: „sia bĕt ngadoetoen bae, dek mantog ka mana?"

Tĕmbalna Njai Soemoer Bandoeng: „geura hiap, toetoerkeun bae".

Noe geulis Soemoer Bandoeng ngapoengna, beuki ka loehoer,

Liwatna ti mega malang,
kareungreuman reuëuk hideung,
kalampat koe mega bodas,
katambah djaoeh ka handap,
nja kitoe djaoeh ka loehoer,
enggalna Nimbang Waringin,
diseuseup pangawasana,
koe noe geulis Soemoer Bandoeng,
geus kitoe Nimbang Waringin,
taja tangan pangawasa,
ngapoengna geus ngaranggosaj,
ripoehna kaliwat langkoeng.

Geus kitoe, Nimbang Waringin nangis bari saoerna: „Soemoer Bandoeng, ieu eteh dagoan, ajeuna eteh nĕda taloek bae, mo pisan deui-deui nganiaja, malah eteh sĕdja koemawoela, ngan ajeuna mah salaki, njelehkeun tjaroge, babanda, mangga, njanggakeun; eteh mah soegih moekti geus kapanggih, beurat beunghar geus kasorang".

Tembalna Soemoer Bandoeng: „hiap, geura toetoerkeun bae, eteh."

„Ontong ditjatoer djaoehna,
montong diteang anggangna,
djoeh mo boeroeng nja tjoendoek,
anggang mo boeroeng nja datang,
soemping ka sawarga loka,
lakotoj sangkeloh mando,
anoe geulis Soemoer Bandoeng,
poeroeloek bidjil kesangna,
kesang anoe tina poendoek,
sagĕde boeah tjaroeloek,
bidjil anoe tina tarang,