Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/53

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Reret ka kaler teu aja, reret ka wetan teu aja, ka koelon teu aja, ana ret ka kidoel noe pĕrang geus pada sitarandjang di laoetan.

Ari tjek Soemoer Bandoeng: „tah, geuning noe perang geus taja elinganana, di laoetan geus pada sitarandjang; mangga teteh, oerang saroesoel bae ka laoetan kidoel".

Saoer Nimbang Waringin: „mangga atoeh, eteh mah ngiringan bae".

Enggal sĕblak pananganna,
panangan di sidakĕpkeun,
sampean ditanghoendjarkeun,
inditna ti pangtjalikan,
panangan sidakĕp keneh,
koleang ninggangkeun andjeun,
nja eta ti mega malang,
manggih moending rarakitan,
manggih koeda papasangan,
djeung lantoeng loehoereun goenoeng,
katjatjang handapeun mega,
pahiri-hiri djeung geuri,
paheula-heula djeung heulang,
tanding djogdjog moro bodjong,
kadantja mĕgat raratan,
geus soemping laoetan kidoel,
sĕblak anoe tapak kantjang,
tapak kantjang di sagara,
njandak anoe eukeur pĕrang,
pada njandak hidji sewang,
dina kikisik sagara.

Barang Langĕn Sari ditewak koe raina Njai Soemoer Bandoeng, njaoer bari ngabĕntak, pokna: „sot lesotkeun, tjag etjagkeun, moen djoerig geura njingkir, moen setan geura njingkah."

Tembalna anoe geulis Soemoer Bandoeng: „ih! ieu mah lain djoerig, lain setan, poegoeh doeloerna, abdi teh Soemoer Bandoeng; ĕngkang, tjing meugeus pĕrang teh."

Ti dinja Langĕn Sari eling, enggal toeloej njaoer pokna: „soegan teh lain maneh anoe geulis Soemoer Bandoeng".

Toeloej pada darangdan Langĕn Sari djeung Kalang Soetra, sĕblak notot panganggo sapangadĕg sewang.

Sanggeus dangdan, Langĕn Sari njaoer ka Soemoer Bandoeng, pokna: „Njai, saha noe taloek?"

Wangsoelna Soemoer Bandoeng: „Nimbang Waringin noe taloek, omongna teh kieu: „dek titip salaki, njelehkeun tjaroge, tah, djadi pĕrkara pĕpĕrangan ĕngkang ajeuna oerang boebarkeun bae". „Soemangga, oerang maroelih ka nagara Koeta Waringin".

Koleang angkat maroelih,
mĕndoeng bari papajoengan,