Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/54

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

lentang bari pipidangan,
manggih moending rarakitan,
manggih koeda papasangan,
moen intĕn mah sakoeroengan,
bat deuï Den Kalang Soetra,
djeung noe kasep Langĕn Sari,
menak gagah parakosa,
wĕdoek taja noe ngoengkoelan,
tara soengkan manggih lawan,
tara ĕmboeng manggih moesoeh,
di lĕmboer taja noe lawan,
di sisi taja noe mahi,
tara inggis sĕbit koelit,
leumpang bari tĕtĕmbangan,
pantĕs monjong heheotan,
ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut,
montong ditjatoer djaoehna,
montong diteang anggangna,
soempingna ka aloen-aloen,
aloen-aloen sewoe tjĕngkal,
pingitan sawidak lima,
babantjong dalapan poeloeh,
paseban lima ngadjadjar,
ngaboedjĕngna ka paseban,
tjaralik papajoen-pajoen.

Tjatoerkeun noe kasep Rangga Wajang di aloen-aloen gawena ngan ngadoe oendoer-oendoer bae, dongkap ka ngaroeksakkeun tangkal tjaringin, mani geus raroengkad kabeh tjaringin di aloen-aloen.

Ti dinja ngareret Nji Ogĕm, ningal anoe pĕpĕrangan geus pada maroelih; toeloej bae oendjoekan ka noe kasep Rangga Wajang, pokna: "gan, ĕnggeus ngadoe oendoer-oendoer teh, toeh geuning, gan, Soemoer Bandoeng ĕnggeus soemping".

Rangga Wajang ngoredjat bari newak oendoer-oendoerna, sarta toeloej diroeasan.

Roeasna salaka domas,
besĕsĕt anoe dikandoeng,
koleang noe ka paseban,
njampeurkeun ka Soemoer Bandoeng,
ngoër sindjang kotok nonggeng,
sisi saroeng dina poendoek,
ari soemping ka paseban,
kasampak anoe tas pĕrang.

Saoerna noe kasep Rangga Wajang ka noe geulis Soemoer Bandoeng, pokna: "bagea Njai, saha noe taloek pĕrang teh?"

Wangsoelna Soemoer Bandoeng: "ari noe taloek mah Njai Nimbang Waringin,