Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/55

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

malah kieu pokna ka koering: „titip salaki, njelehkeun tjaroge, dek sĕdja koemawoela", kitoe deui doeloerna noe kasep Kalang Soetra, nja sĕdja koemawoela bae"".

Saoerna Rangga Wajang: "lamoenna kitoe, soemangga, ajeuna oerang ka padalĕman bae".

Boeroedoel noe ti paseban,
inditna ti pangtjalikan,
loegajna ti waton randjang,
ngaleut ngeungkeuj ngabandaleut,
ngĕmbat-ngĕmbat ngabantajan,
Kalang Soetra Langĕn Sari,
bat deuï Den Rangga Wajang,
anoe geulis Soemoer Bandoeng,
sinarĕng Nimbang Waringin,
bari taroenggang gamparan,
soempingna ka boemi rintjik,
sinarĕng ka boemi toelis,
boemi ampeuj katanggeujan,
aja teh tjiri wantjina,
abig-abig lojang sari,
ngĕlĕmĕng ditambir intĕn,
wangkilas ĕmas sabeulah,
damar koeroeng dina djoeroe,
damar tjaäng oenggal tihang,
ngabaris korsina gading,
ngadjadjar korsina gojang,
paragpag medja salaka,
loeloehoer salawe tĕmpoer,
rĕrĕgan salawe teëp,
kasangna sawidak djadjar,
kĕlirna salawe lapis,
kasoer woeloeng toedjoeh soengsoen,
nja bantal sawidak lima,
beunang njarib koe kastori,
didasaran koe kananga,
seungitna angin-anginan,
tĕroes kana dangdaoenan,
njirĕt kana tatangkalan,
lakotoj sangkeloh mando,
ret toengkoel barina imoet,
barabat menak noe njĕmbah,
ĕmboet ngoendjoekeun pihatoer.

Sanggeus saroemping di pajoeneun kangdjĕng ratoe, enggal Raden Kalang Soetra geuat oendjoekan, pokna: "goesti, sampoera soen, nĕda eureun nama deungdeung, kadjeun sono pepes kesang balik deui".