Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/57

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Geus pinoeh di aloen-aloen,
limpas ka djalan prapatan,
ngahioeng anoe tataloe,
tjoetjoerak mĕrĕs nagara,
arek ngahaneutkeun dajeuh,
alam padang poë pandjang,
toedjoeh poë toedjoeh peuting,
ngoengkoengan anoe tataloe,
ear soerak kalangtaka,
morobot bedil panorop,
soerakna ngadahan tjaoe,
soerakna onggol-onggolan,
daoen tjaringin tibalik,
kadoepak soara bĕdil,
daoen klapa ting sariak,
kadoepak soara tinggar,
toeroengtoeng kĕndangna bitoeng,
dirarawat hoë woeloeng,
ditabeuh koe indoeng-indoeng,
goöng salawe bangoenan,
toedjoeh likoer kaboejoetan,
goöng sada toemalowong,
kĕndang sada tjiang-tjiang,
manan repeh ditarikan,
manan koerang ditambahan,
tjloeng angkloengna doer bĕdilna,
gĕlĕgĕr mariĕm dalĕm,
djeung teundeun mah batan neundeun,
djag toenda mah batan mawa,
teundeun teh meureun sampeureun,
toenda teh meureun bawaeun,
di nagri Koeta Waringin.

Oerang toenda tjarita anoe keur pesta.

Tjatoerkeun di nagara Roetjoek Pakoean; ari noe kagoengan djĕnĕnganana Raden Djaga Ripoeh sarta kagoengan saderek istri hidji, djĕnĕnganana noe geulis Sĕkar Pakoean.

Kotjapkeun noe kasep Djaga Ripoeh, enggalna emoet ka nagara Bitoeng Woeloeng nja eta ka noe geulis Soemoer Bandoeng sapedah ĕnggeus mantjoeh oeang salaksa, kari-kari ajeuna aja bedjana geus kawin ka ratoe Koeta Waringin.

Ti dinja Raden Djaga Ripoeh soesah katjida manahna.

Ari tjeuk noe geulis Sĕkar Pakoean ka rakana Raden Djaga Ripoeh, pokna: "ĕngkang, pĕrkara ajeuna mah montong soesah-soesah, ari lĕbar koe oeang salaksa anggoer, leuih hade, oerang soesoel bae ka nagara Koeta Waringin, bilelaän sapotong sewang."