Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/58

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Enggalna noe kasep Djaga Ripoeh geuat bae njandak parabot pĕrang, njandak ali beusi galigiran, doehoeng kaboejoetan bari njaoer ka raina noe geulis Sĕkar Pakoean, pokna: "Njai, ĕngkang djaoeh djoengdjoeng, anggang doakeun; akang rek ngamoek ka nagara Koeta Waringin, da bongan si Rangga Wajang tjidra."

Koleang noe babalapan,
gobangna geus ngabar bae,
ngĕntoeg-ngĕntoeg noe ngagoeroeh,
garetek noe goemangmĕngan,
tatjan boeboek sarta anjoet,
anjoet soteh djadi lĕboe,
ngalĕkĕtĕj djadi lĕnga,
tara soengkan manggih lawan,
tara ĕmboeng manggih moesoeh,
montong ditjatoer djaoehna,
montong diteang anggangna,
djaoeh mo boeroeng nja tjoendoek,
anggang mo boeroeng nja datang,
ka nagri Koeta Waringin,
Koeta Waringin beh girang,
barang soemping Djaga Ripoeh,
andjeuna toeloej ngarogo,
ningali patih pĕrdjoerit,
tĕmĕnggoeng djeung saradadoe,
djaksa reudjeug goelang-goelang.

Barang kitoe, noe kasep Djaga Ripoeh ngalahir dina djĕro mamanahan, pokna: "lamoenna datang aing nangtang pĕrang daekeun poelang ngaran, ari itoe mah ragĕm, mangkaning dewek sorangan, ah, anggoeran oerang kĕmat bae noe geulis Soemoer Bandoeng tina sajoeran; noe geulis mo boeroeng kaaïs, noe lĕndjang mo boeroe kabawa."

Enggalna Djaga Ripoeh toeloej loentjat kana kĕbon sajoer ngandjentoel bari mĕtakeun kĕmat, ditioepkeun ka padalĕman, tĕroes rasa ka noe geulis Soemoer Bandoeng.

Katjarita Soemoer Bandoeng,
nangis mipista ka ratoe,
goebrag-gĕbroek mere sĕmoe,
lelewa teu panoedjoeëun,
nja koetoe di hoeloe sapoe,
mareman di sajang hajam,
noe geulis kinteur galieur,
pok njaoer ka kangdjĕng ratoe,
anoe geulis Soemoer Bandoeng:
"goesti koering nĕda amit,
amit arek moelang kĕmbang,
noe mantoeng dina pangamboeng,
ti peuting sakit kaimpi,
ti beurang mani karasa".