Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/64

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
46
 

hedjo lembok di djerona,
nagara hegar di loear,
aloen-aloen sewoe tjĕngkal,
tina midjina sakĕti,
djeung Toean Batara Toenggal,
rogrog boerang malelana,
beunang ngahoentoe kalakeun,
keur njawisan moesoeh datang,
noe datang ti mega malang,
keur meudjeuhna pisan hoeroeng,
hoeroeng tatadjoeranana,
siang pĕpĕlakanana,
mĕlĕntoeng poetjoek kaoengna,
bareres poetjoek djambena,
papak poetjoek kalapana,
kaoeng keur meudjeuhna toeroen,
meudjeuhna toeroen tjaroeloek,
kalapa toeroen manggarna,
djambena keur tjoemawene.

Djeug teundeun batan neundeun, djag toenda batan bawa di nagara Koeta Waringin girang.

Sakitoe pitoetoer karoehoen pĕrtengtang poesaka. Moela-moela tjarita leungit, boekti kari noe dikawihkeun, leungit roepa timboel tjarita.