Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/65

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

B.

TJARITA

NJAI SOEMOER BANDOENG,

PIGARWAEUNANA

RATOE AGOENG POERBA MANTRI PANGERAN POERBA KOESOEMA

RATOE NAGARA

KOETA WARINGIN





RADJAHNA:
„Neda agoeng nja paraloen,
neda pandjang nja hampoera,
bisina nebak koekoemboeng,
bisina nebak larangan”.
Sarehna rek diadjar njaritakeun noe baheula.

Katjarita aja hidji poetra ngalalakon, djenenganana Ratoe Agoeng Poerba Mantri Pangeran Poerba Koesoema.

Demi ngalalakonna ka wetan ka nagara Daha, sedja arek njiar piwarangeun, tapi henteu manggih, ana manggih nja ti nagara Koeta Waringin, malah tiloe pisan nja eta: Njai Tandjoeng Waringin noe hidji, Njai Nimbang Waringin noe kadoea, noe katiloe Njai Djoerit Adji Lendjang Sari, noe lendjang sari dewata.

Ti dinja Ratoe Agoeng Poerba Mantri Pangeran Poerba Koesoema toeloej nikah ka Njai Tandjoeng Waringin, didamd pangtjikalna, panengah Njai Nimbang Waringin, boengsoena Njai Djoerit Adji Lendjang Sari, noe lendjang sari dewata.

Samalah djoemeneng ratoe pisan di nagara Koeta Waringin. Ari papatihna lantjeuk pawarang, nja eta Raden Gadjah Waringin, sarta doea panakawanna: hidji ngaran Tjandra Wali, kadoea Tjandra Terebang.

Kotjapkeun dina hidji mangsa ratoe miwarang ka patih Raden Gadjah Waringin, didawoehan naloekkeun nagara Koeta Siloeman, tatapi henteu sanggoepeun.

Enggalna Gadjah Waringin toeloej oendjoekkan, pokna: „goesti, djisim abdi