Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/66

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

48

henteu sanggup nalukkeun nagara Kuta Siluman, tapi aya nu sanggupeun nya éta satria ngalalakon, jenengan Radén Langen Sari, lanceukna Nyi Sumur Bandung; samalah ayeuna gé aya di nagara ieu, keur tapa ngarupakeun aki-aki."

Ti dinya ratu tuluy miwarang nyaur ka aki-aki tadi. Barang geus sumping ka payuneun ratu, geuat ratu ngandika, pokna: "Aki manéh sanggup nalukkeun nagara Kuta Siluman?"

Gancangna aki-aki unjukan, pokna: "Perkawis nalukkeun nagara Kuta Siluman, abdi sanggup, sumawonna nagara, dalah dipiwarang mabok ulam batu ogé teu jadi sawios yén aya piwarangan mah."

Sanggeus kitu, ratu tuluj ngadawuhan ka patih Gajah Waringin masihan panganggo sapangadeg ka aki-aki téa, ku duméh sanggup nalukkeun nagara Kuta Siluman.

Ti paséban aki-aki lajeng angkat ka alun-alun. Barang datang ka alun-alun, tuluy ngagédogkeun salira, leungit rupa aki-aki, timbul rupa Langen Sari, nya kasép tur dedeg hadé pantes sarta aya tumandinganana.

Énggalna tuluy ngapung ka méga malang. Sorolok, basana ngapung ka manggung, basana ngapak ka awang-awang: saparéntang anggang, léyar-léyar ka tebéh handap ngajugjug nagara Kuta Siluman.

Sadongkapna di méga malang, Radén Langen Sari nyidikkeun palebah-lebahna nagara Kuta Siluman. Sanggeus sidik, jut turun ka handap, nya datang saluareun kuta, ana ditingal kutana tambaga tujuh lapis kandelna.

Ti dinya Langen Sari seja rék lebet ka alun-alun, tapi jalanna aja nu tunggu, nu tunggu ogé jambrong jeung gulang-gulang malah diparintu baé, ari lawangna aya tilu pisan.

Gancang Langen Sari mundut dibukakeun lawangna ka éta jambrong-jambrong.

Ti dinya jambrong-jambrong barempug jeung batur-baturna, pokna: "Kumaha ieu, hadé dibéré lawang atawa entong? Karana cék timbalan: ulah aya nu meunangkeun liwat, sumawonna ménak atawa kuring, kalakay ogé upama asup kudu ditepak dikaluarkeun deui; tah, kitu dina saeusining timbalan."

Ari cék jambrong nu saurang, pokna: "Enya, ari cék timbalan mah, kudu kitu; tapi ieu lain ménak joré-joré, pantes ku urang dibéré lawang, ningal sakitu kakasépanana."

Ti dinya jambrong-jambrong rempug pisan, tuluy lawang dibukakeun. Énggalna Radén Langen Sari tuluy lebet ka éta lawang sarta kebat manggih deui lawang reujeung loba nu ngajagana, nya éta jambrong jeung gulang-gulang.

Langen Sari mundut dibukakeun deui lawang, tapi manan dibéré anggur beuki dipageuhan, dipaksa-paksa weléh teu méré baé.

Langen Sari tuluy napsu; panto didupak mani datang ka sémpog kutana sabeulah, nu ngajaga pada katarindih: aya nu paéh, aya nu hirup, sawaréh nu lalumpatan, sarta sanggeus sémpog panto, kuta muka ku manéh.

Langen Sari tuluy baé angkatna terus ka palataran bumi, nya nyondong aya hiji istri keur ngeuyeuk baé.

Saoerna Langen Sari: "Sampura sun, neda eureun."