Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/67

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

49

Demi wangsulna: "Sumangga, rampés calik."

Ti dinya Langen Sari tuluy calik, sarta bari mariksakeun jenengan istri nu keur ngeuyeuk, pokna: "Njai téh, saha nya tuang jenengan?"

Ari jawabna: "Kaula anu ngaran Nyi Mas Maya Siluman."

Gancang Nyi Mas Maya Siluman ngaréséhan ku lemareun sareng sesepeun.

Sanggeus ngalemar atanapi nyesep, Langen Sari tuluy mariksa deui ka nu geulis Nyi Mas Maya Siluman, pokna: "Nyai téh, saha nya carogé?"

Diwalon ku Nyi Mas Maya Siluman bari imut, pokna: "Kaula mah teu gaduh carogé, ngan dulur lalaki baé nya kagaduh."

"Saha sadérék Nyai téh?"

Demi walonna Nyi Mas Maya Siluman: "Ari katelahna mah akang, Rangga Siluman."

Langen Sari nyaur deui, pokna: "Naha tuang sadérék téh mana degig teuing, teu pisan ngaku ka sémah."

Nyai Mas Maya Siluman tuluy baé ngageroan ka rakana, pokna: "Engkang, ieu, aya sémah."

Demi rakana Radén Rangga Siluman harita keur nyatutan janggot, barang nguping yén aya tamu, tuluy ditunda baé, nya ngaburu ka tatamu téa.

Barang geus patepung Rangga Siluman tuluy nyaur ka nu anyar sumping pokna: "Ieu satria ti mana, lamun nagara, nagara naon, lamun lembur, lembur naon, bumi banjar pamidangan jeung saha nya tuang jenengan?"

Langen Sari ngawalon: "Kaula ti nagara Kuta Waringin katelahna Radén Langen Sari."

Rangga Siluman mariksa deui, pokna: "Langen Sari, ka dieu ngemban utusan atawa karsa ku anjeun baé?"

"Kaula ngemban timbalan ratu Kuta Waringin."

Pok deui Rangga Siluman: "Dipiwarang naon ku ratu Kuta Waringin?"

Jawaban Langen Sari: "Suku sambung laku, biwir sambung lémék; timbalan néyangan sadérék, nya di dieu aya jenengan Radén Rangga Siluman, nya anjeun rupana."

Rangga Siloeman ngawalon: "Naha mana ngangken sadérék ka kaula? Kaula hanteu sadérék ngaran sampéan nagara boga sorangan. Saréhna sampéan ngaku dulur ka kaula, éta rék naon?"

Saurna Langen Sari: "Urang ngawula ka nagara Kuta Waringin."

Ti dinya Rangga Siluman ngawalon bari séwot, pokna: "Henteu rék nyaeuran gunung nguyahan sagara."

Ari cék nu geulis Nyi Mas Maya Siluman, pokna ka tuang raka: "Engkang, hadé urang ngawula baé, ratu mah taya kakurang, ratu mah bengkong ngaréong; urang najan jagjag lempeng da pangawak sakieu tangtu éléh ku karageman."

Rangga Siluman séwot ka tuang raina, bari nyaur: "Keur naon urang ngawula; péndék mah embung urang diajak ngawula."

Langen Sari keukeuh pangajakna, Rangga Siluman keukeuh panghenteuna. Énggalna Rangga Siluman tuluy baé nangtang perang ka Langen Sari, pokna:7