Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/68

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

50

"Sia mawa sabraha widak balad ti nagara Kuta Waringin, hayu, sina ngarubutan aing."

Ari cék Langen Sari: "Déwék teu mawa widakan balad, teu mawa widakan gagaman; éstu ngan pangawak déwék sorangan, nandakeun awak petingan."

Gancangna Rangga Siluman nyéwot bari narik kerisna, ditewekkeun ka Langen Sari, tapi weléh, henteu teurak.

Langen Sari nya kitu deui, narik tuang curiga, tuluy silihtewekkeun, tapi hiji taya nu teurak, dongkap ka pada maréngkél keris téh.

Cul keris nu perang, tuluy galungan silihsérédan; disedekeun Langen Sari ku Rangga Siluman, teu obah-obah acan, kukuh sariga gunung. Ana males Langen Sari, Rangga Siluman kabregedeg ka saluareun kuta, nepi ka leuweung pisan.

Ti dinya anu geulis Nyi Mas Maya Siluman geuat baé lumpat nuturkeun nu keur perang di leuweung. Demi kai-kai di leuweung sakur nu kasorang ku nu perang, mani rarebah kabéh; kayaning:

Tangkal tapak jeung kilalak,
kikamonténg kiara konéng,
bungbungdelan handayakan,
huru dapung jeung kimaung,
hantap heulang jeung bungbulan,
kai sapi jeung kiputri,
tangkal kopi jeung kihuni.

Kocap anu perang, paséréd-séréd dongkap ka nagara séjén, nya éta nagara Pucuk beusi, samalah nu kagungan nagara kasampak keur di paséban, jenengan Rangga Campaka, sarta kagungan sadérék istri hiji ngaran Nyi Mas Campaka Larang Mantri Kembang.

Ti dinya nu perang ngarumpak paséban, énggalna ku Rangga Campaka dipariksa bari nyéwot, pokna: "Ieu urang mana, rék ka mana, eukeur naon mana ngarumpak paséban urang?"

Pokna Rangga Siluman: "Urang ti nagara Kuta Siluman, keur macakkeun perang jeung Langen Sari."

Saurna Rangga Campaka: "Urang gé rék macakkeun perang, tapi weléh teu manggih lawan, ayeuna urang hurup baé Langen Sari."

Sanggeus kitu, ngarontok Rangga Campaka ka Langen Sari; ditéwak Rangga Campaka ti katuhu, Rangga Siluman ti kénca, diadu-adukeun ku Radén Langen Sari, énggalna tuluy kabereg ka leuweung, geus jauh ti nagara Pucuk beusi, teu kacaritakeun deui kai-kai nu karumpak.

Malah raina Nyai Mas Campaka Larang Mantri Kembang nuturkeun ka leuweung, ka nu eukeur perang.

Gancangna anu parerang geus dongkap ka nagara Daha, nya pada areureun dina hiji sayuran sisi nagara, ari eureunna dina handapeun tangkal kembang campaka.

Pokna Langen Sari: "Ulah eureun nganggur, da jeung musuh, anggur urang perang leuleutikan tamba cicing."

Témbalna Rangga Siluman jeung Rangga Campaka: "Hayu, urang silihsintreuk bari eureun."