Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/69

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

51

Langen Sari dihurup ku duaan, disintreukkan dampal leungeunna, tapi teu dirasa; ana males ka musuhna anu dua mani tingkalopér.

Eureun silihsintreuk, tuluy silihgusrukkeun kana tangkal kembang campaka; pangheulana ngagusrukkeun nya éta Langen Sari ka musuh anu dua, mani kadua musuh datang ka roakan tonggongna; ana dibales Langen Sari, anggur baé tuluy saré, da geus capé asa digaroan.

Rigeg anu keur perang.

Caturkeun nu kagungan nagara Daha, jenenganana Pati Jalak Mangprang, sarta sadérék istri hiji, nya éta Nyai Mas Mangprang Wayang.

Ti dinya Nyai Mas Mangprang Wayang ngandika ka tuang sadérékna Pati Jalak Mangprang, sapédah ngadéngé sora ngaguruh di hulu dayeuh nya éta di palebah sayuran, ari pokna: "Engkang, éta aja naon mana ngaguruh-guruh teuing di hulu dayeuh. Palangsiang aya sijalu diadu, boa sijarah teuteunggar, palangsiang si banténg ngagénténg. Ayeuna, akang, urang layad baé: beunying meulit kana kai, kandang nyampay kana dahan, sumangga, urang darangdan."

Gancangna Jalak Mangprang tuluy dangdan, sanggeus dangdan, tuluy angkat nyalira baé ka sayuran.

Barang sumping ka sayuran, ningali aya jelema tilu dina handapeun tangkal kembang campaka, geus pada ngajaropak kapaéhan tina bawaning capé parerang. Ti dinya teu tata-pasini deui, geuat baé dicandak jelema nu tiluan bari dikeupatkeun dibawa mulih ka padaleman.

Sasumpingna ka paséban, tuluy tiluanana didiukkeun sila, bari nyaur ka raina Nyi Mas Mangprang Wayang, pokna: "Nyai, tah, geuning ieu nu ngaguruh di hulu dayeuh téh."

Gancangna ditingali ku raina Nyi Mas Mangprang Wayang; ana enggeus ningalianana, tuluy nyaur ka tuang rakana, pokna: "Beu, geuning bugang, engkang, naha mana dicilikkeun, anggur urang piceun baé."

Ku Jalak Mangprang bugang nu dua tuluy dialungkeun ka juru alun-alun, kantun hiji deui, nya éta Langen Sari.

Pok deui mariksa Nyai Mas Mangprang Wayang: "Naha, engkang, teu geura dipiceun deui:

barina leuwih nya kasép,
bakalna panyiuk tarum,
bakalna panimba nila,
bakalna carogé kuring."

Ari saur Jalak Mangprang: "Njai, ieu mah tacan paéh, masih kénéh karasa haneut awakna, nu paéh mah kudu tiïs awakna."

Ti dinya tuluy dicagap ku Nyi Mas Mangprang Wayang sarta bari saurna: "Engkang, palangsiang enggeus paéh, geuning, ayeuna mah enggeus tiïs salirana, hadé piceun deui baé."

Saur rakana bari bengis: "Nja tiïs ogé, tapi tiïs nu paéh mah alah batan cai jeung deui panonna gé sok hauk; ieu mah tacan hauk."

Pok deui Nyi Mas Mangprang Wayang: "Tah, geuning, ayeuna mah geus hauk; hayu, urang piceun baé."