Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/70

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

52

Saur jalak Mangprang: "Teu, mo waka dipiceun, sabab masih leuleus, mait mah kudu heuras."

Langen Sari tuluy heuras alah batan bontot.

Nyi Mas Mangprang Wayang geuat nyaur deui ka rakana, pokna: "Engkang, ayeuna mah enggeus heuras, geura piceun baé."

Demi sayaktosna Radén Langen Sari henteu paéh, ngan saré bawaning ku tibra, jadi sapertos anu paéh, sarta eukeurna dicandak ku Radén Jalak Mangprang, Langen Sari parantos éling, tapi ngahaja jiga nu hilang baé.

Barang keur ditingalian paéh henteuna ku Jalak Mangprang, Langen Sari ngajak-ngajak baé barina ngadupak salira Jalak Mangprang, tuluy beunta kawas sasarina.

Sanggeus katingali ku Radén Jalak Mangprang, geuat nyaur ka raina Nyai Mas Mangprang Wayang, pokna: "Beu, Nyai, paingan teuing teu daék paéh da ieu mah dulur urang nu jenengan Radén Langen Sari, lanceuk Nyai Sumur Bandung."

Énggalna ku Nyi Mas Mangprang Wayang tuluy diaku sarta dihormat-hormat.

Radén Jalak Mangprang pok deui nyaur ka raina Nyi Mas Mangprang Wayang: "Nyai, itu dua jelema nu dipiceun ka juru alun-alun geura-geura hirupan deui."

Gancang Nyi Mas Mangprang Wayang nyandak landong bari ngawatek isimna, dua ponggawa didudut buukna sakuren bari nénjrag lemah tilu kali. Gancang harirup malah sila sarta mando di hareupeun paséban.

Ku Raden Langen Sari tuluy dipariksa, pokna: "Kumaha, Rangga Siluman jeung Rangga Campaka, ayeuna manéh rék ngawula atawa bangga, lamun bangga dipaéhan tapi lamun ngawula dihirupan."

Demi walonna Rangga Siluman jeung Rangga Campaka: "Perkara ayeuna mah kuring rék ngawula baé, sumangga, kuring nyanggakeun beuheung teukteukeun, suku genténg belokkeun, awak sakujur sempaleun."

Saurna Langen Sari: "Atuh nya hadé ari rék kumawula mah, mangga, geura caralik di paséban."

Kitu deui sadérékna istri duanana ogé ngiring kumawula, sakumaha tuang rakana.

Gancangna tuluy pada caralik di paséban, pameget pada pameget, istri pada istri: nya éta hiji Langen Sari, kadua Pati Jalak Mangprang, katilu Rangga Siluman, kaopatna Rangga Campaka. Demi istrina hiji Nyi Mas Mangprang Wayang, pamidang nagara Daha, kadua Nyi Mas Maya Siluman, katilu Nyi Mas Campaka Larang.

Ti dinya Langen Sari nyaur ka Pati Jalak Mangprang, nya éta kagungan nagara Daha, demi saurna: "Akang, kaula titip ieu boyongan: dua lalaki, dua awéwé; wiréh kaula rék nepungan pun adi Nyai Sumur Bandung tala gangsa emas beureum Bitung Wulung, kaula papisah enggeus heubeul pisan."

Dijawab ku sakabéh: "Sumangga, ngan ulah lawas baé."

Byur Langen Sari, tuluy ngapung ka awang-awang.