Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/71

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

53

Basana ngapung ka manggung,
basana ngapak ka awang,
ngapung sataraju jauh,
ngapak saparéntang anggang,
léarna dangdeung nya eureun.

Di mega malang Langen Sari ngan ngawas-ngawaskeun palebahna nagara Bitung Wulung; ana béh kapanggih, tuluy ngalahir dina mamanahan, pokna: "Tan, geuning nagara Bitung Wulung, malah Sumur Bandung ge tétéla aya."

Gancang Langen Sari turun ti méga malang, notogkeun manéh, sorolok-sorolok léar, dangdeung ka tebéh handap.

Tuluy sumping ka alun-alun nagara, kawantu nagara babakan, tacan pepek eusina nagara, atuh teu mamaapan deui lajeng baé ka bumi bari nyaur ka raina, pokna: "Sumur Bandung, geura tepangan, ieu dulur geus datang."

Saurna Sumur Bandung: "Kuring mah teu boga dulur, kawantu pangawak sakieu."

Langen Sari keukeuh ngaku dulur; Sumur Bandung keukeuh pangteu ngakuna, pokna:

"Keukeuh teuing kula alim,
sok sieun bajag ngalana,
sok sieun bajo ngalakon,
sok sieun gélo ka diri."

Kaula gé boga dulur, nya éta lanceuk, tapi ayeuna keur tatapa, jenenganana Langen Sari."

Jawabna Langen Sari: "Puguh nya ieu lanceuk Nyai téh, nu jenengan Langen Sari; ieu mentas turun ti pangtapaän."

Saurna Sumur Bandung: "Seug, ari keukeuh mah, tapi kaula rék ngadoja heula, sabab kula boga pangdojaan sémah, nya éta tiwuan bodas sakembaran."

Pokna Langen Sari: "Seug ku akang dék disambat":

"Breng tiwuan bodas,
boga akang,
boga nyai,
tangtu boga kakang."

Gancangna tiwuan sakembaran jadi nyamberan ka Langen Sari; demi ku Langen Sari tiwuan geuat ditepuk ku carétét, datang ka paéh sakembaranana, henteu kungsi nyeureud ka sémah.

Cék Nyi Sumur Bandung: "Naha, sémah téh kitu, tiwuan kaula datang ka paéhan, éta téh nu ngajaga kaula. Seug baé, ari keukeuh pangakuna mah, tapi dék didoja deui, lamun ki sémah bisa icikibung di jero kendi, tangtu dulur kaula."

Langen Sari tuluy baé bus kana jero kendi sartana bari icikibung; sanggeus kitu, tuluy bijil deui tina kendi.

Ari cék Sumur Bandung: "Seug, ari keukeuh jeung keukeuk mah; tapi kaula ménta néang ciri dina sirah ki sémah, lamun bener aya ciri dina lebah embun-embun, geus tangtu dulur kaula."