Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/72

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

54

Langen Sari gancangna ngagoloyoh kana lahunanana Nyai Sumur Bandung bari dicuplak iketna sarta dikoréh sirahna. Barang geus dikoréh, tétéla aya céda dina lebah embun-embunan, nya éta urut ditakol ku sinduk waktu di dapur.

Reguk ceurik Sumur Bandung sartana bari ngaku dulur.

Sanggeusna ceurik Sumur Bandung, tuluy nanya, pokna: "Engkang, naha mana heubeul-heubeul teuing ngumbara téh. Meunang naon ti pangumbaraan?"

Saurna Langen Sari: "Akang mah ngumbara sotéh lain nyiar banda, nyiar élmu jeung nyiar pisalakieun Nyai, nya meunang ti nagara Kuta Waringin ratu kasép jeung pantes, malah tacan kagungan putra, kakara incu baé tujuh."

Témbalna Nyi Sumur Bandung: "Atuh nuhun, iraha urang angkat ka nagara Kuta Waringin?"

Cék Langen Sari: "Nya ayeuna pisan urang ka nagara Kuta Waringin."

"Atuh mangga, kula rék dangdan, tapi kula henteu bisa jampé midang, ku engkang kudu parinan, wantu anu mentas tatapa, meureun meunang jampé midang baé mah."

Saurna Langen Sari: "Enya, akang éstu tapa, tapi jampé midang mah teu meunang, éta mah kumaha Nyai baé jampéna."

Énggalna Nyi Sumur Bandung tuluy dangdan.

Dangdan nganggo sinjang sutra,
poléng cina dua warna,
pelok balon belang kari,
anjasmara pagulingan,
ngaran poléng nu dianggo,
raksukan sutra winangun,
kekemben layung kasunten,
anu nganggo geus reresan,
ditaksir ku Langen Sari,
ditilik ti gigir lenggik,
ditingal ti tukang lenjang,
nya keusik-keusik barentik,
nya cadas-cadas harérang.

Hérang kahibaran ku nu geulis Nyai Sumur Bandung, tala gangsa emas beureum Bitung Wulung, nya geulis kawanti-wanti, nya éndah kabina-bina, pantes pisan pigarwaeun ratu.

Saurna Nyi Sumur Bandung: "Nganggo geus reresan, kari ieu nagara Bitung Wulung, kumaha? tapi hadé urang bawa baé pikeun kumawula, demi piwadaheunana panjara beusi."

Témbalna Langen Sari bari ngagebeg: "Naha, nagara dikumawula, lain umum, lain mupakat, sarta kumaha diwadahanana nagara sakieu gedéna?"

Jawabna Nyi Sumur Bandung: "Naha, akang, apan aya élmu, nu gedé sok jadi leutik, nu leutik sok jadi gedé."

Saurna Langen Sari: "Nya geura pék baé bawa ku Nyai."

Wantuning Sumur Bandung beurat tapa, gancang baé nagara diriutkeun kana panjara, sarta dititah ngapung ti heula.