Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

55

Saurna Langĕn Sari: "Pedah nagara geus ti heula, kumaha nya diri, Nyai, kira-kira bisa ngapung nuturkeun panjara, atanapi ku akang, Nyai, dikandung atawa digandong arek dibawa ngapung?"

Pokna Sumur Bandung: "Ari dikandung atawa digandong, kula mah alim; ayeuna urang gancang lĕbuh baur binih bae, jadi pada ijen."

Enggalna tuluy pada ngarapung.

Byur ngapung ka awang-awang,
basana ngapung ka manggung,
basana ngapak ka awang,
ngapung sataraju jauh,
ngapak saparentang anggang,
lear dangdeung nya prok tĕpung,
mega malang jeung panjara.

Di mega malang tuluy areureun bari ningali ka lautan, dĕmi di lautan eukeur aya nu keur lalayaran. Barang Langĕn Sari ningal geuat nyaur ka raina, pokna:

"Nyai, itu naon ngambang di lautan?"

Tembalna Sumur Bandung: "Lain naon-naon, ĕngkang, eta teh parahu."

"Aya nu ngeusian ta euweuh?"

Saurna Sumur Bandung: "Atuh aya pisan, eta teh nu ngeusian jĕlĕma teu boga nagara, jadi urang lautan bae."

"Saha, sugan Nyai, apal ngaranna?"

Tembalna Sumur Bandung: "Jĕnĕnganana Raden Gangsa Wayang, ari adina istri ngaran Nyi Salasa Wayang."

Pokna Langĕn Sari: "Atuh sukur, Nyai, boa teuing dulur urang oge aya di dinya akang Rangga Wayang. Pĕrkara ayeuna akang arek netelakeun ka kapal aya hĕnteuna, ku Nyai dagoan bae di dieu."

Jawabna Sumur Bandung: "Kaula mah hayang reujeung bae, da keueung di dieu tinggal sorangan."

Pokna Langĕn Sari: "Montong teuing ngilu, Nyai, da akang ge hĕnteu lila."

"Mangga bae, ĕngkang, ari hĕnteu lila."

Pok deui Langĕn Sari: "Nyai, akang mere pintonan: di mana aya koleangkak disada luhureun Nyai, geus tangtu yen akang kasambut ku urang lautan, mangka gancang Nyai kudu neang."

"Sumangga," jawabna Sumur Bandung.

Langĕn Sari pek morongkol,
moreat ti mega malang,
jauh hamo burung cunduk,
anggang hamo burung datang,
learna ka tĕbeh handap,
trus ka dasar ing lautan,
sarta bisa cai pamiak,
anggang tina cai lautan.

Gancangna Langĕn Sari geus sumping ka dasar ing laut, sarta tuluy bae calik dina cadas gancar bari ngantosan datangna kapal.