Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/74

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
56
 

Henteu lila datang kapal laboeh djangkar; ti dinja koe Langen Sari ditjekel djangkarna sarta dieureunkeun.

Barang kapal ngarandeg, Gangsa Wajang ngalahir ka raina, pokna: „naha, eureun koe naon kapal teh? Tjik, Njai, bisi aja badjo ngalalakon badjag ngalalana; geura teang dina padoman.”

Toeloej ditingali padoman, ana katingal jen dina dasar ing laoet aja noe njekelan djangkarna, sarta djelemana kasep pisan. Enggalna Nji Salasa Wajang toeloej njaoer ka rakana, pokna: „paingan teuing, engkang, kapal teh eureun, da aja semah di dasar ing laoet sarta kasep.”

Gangsa Wajang geuat njaoer ka Rangga Wajang, pokna: „geura teang koe maneh ka dasar ing laoet, bet aja semah, sartana titah ka dieu, lamoen teu daekeun paehan bae, bawa tjeulina djeung ngaranna.”

Rangga Wajang toeloej geuat ngaraoe oendoer-oendoerna kana roeaskeun, sarta toeloej ditjawet bari njorenkeun roeasna oendoer-oendoer. Sanggeusna dangdan, toeloej njaoer ka Gangsa Wajang, pokna: „oepama teu beunang dikeureut tjeulina, meureun noe boga tjeuli bae disanggakeun ka dieu.”

Tjeuk Gangsa Wajang: „kitoe ge sae.”

Rangga Wajang gantjang toeroen ka dasar ing laoet. Ana ditingali semah teh doeloer pribadi, ti dinja mikir sadjeroning manah, pokna: „semah teh koe oerang henteu dek dikitoe-kieu, da poegoeh doeloer sorangan, si Langen Sari, lantjeuk Njai Soemoer Bandoeng.”

Rangga Wajang toeloej bae njoempoet kana goeha.

Sigeg Rangga Wajang.

Kotjapkeun noe dina kapal. Njai Salasa Wajang njaoer ka rakana, Raden Gangsa Wajang, pokna: „engkang, geuning, euweuh kang Rangga Wajang dina dasar ing laoet, mangga, pada oerang teang bae.”

Gantjangna pada darangdan, toeloej taroeroen ka dasar ing laoet. Barang soemping, Nji Salasa Wajang njaoer ka rakana, pokna: „naha semah teh kasep-kasep teuing, tjing, geura pariksa koe engkang.”

Gangsa Wajang geuat mariksa: „ieu semah oerang mana, tas ti mana, mana wani-wani njekel laboeh djangkar kapal kaoela? Sarta kaoela teu gadoeh pikeun pangakoe, ngalemar taja seureuh, langka pinang, salangkoeng teu gadoeh apoe; rek njoegoeh njesep teu aja seuneu, langka bako, salangkoeng teu gadoeh kaoeng. Pangakoe kaoela ngan pentil hiris, roaj ngora, tikoro kotokeun, tjareham hajameun, gehgeran. Geura hajang pok bae nanja ka sampean, sampean oerang mana, mentas ti mana, noe matak aja di dasar ing laoet.”

„Sampean nja lemboer matoeh,
nagara mana noe enja,
dajeuh mana anoe heuëuh,
nagri bandjar pamidangan,
lemboer mana noe didjoegdjoeg,
nagri mana dipisedja,
dajeuh mana dipitineung,
saha nja toeang djenengan,