Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/75

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
57
 

nja pare sabeulah tjaeng,
koemaha nja pisedjaeun,
toetoep djoeroe oempak lintjar,
ajeuna geura waktjakeun,
sing walehkeun koe sampean.”

Djawabna Langen Sari: „lemboer ti Bitoeng Woeloeng, nagara ti Koeta Waringin, ari ngaran katelah Langen Sari.”

Pok deui Gangsa Wajang: „piwarangan ta karep sorangan?”

Saoerna Langen Sari: „kaoela ngemban timbalan ti ratoe Koeta Waringin, didaoehan ngadongdon ieu kapal; koe sampean rek dibantjang atawa henteu.”

Gangsa Wajang ngawalon bari njentor: „ieu kapal teu didjoeal, lain sabab koe boga oeang, ngan sabab henteu niat.”

Pokna Langen Sari: „sakira dek ditoekeurkeun atawa diïndjeumkeun?”

Ari tjek Gangsa Wajang: „naha Langen Sari teh keukeuh-keukeuh teuing, da lamoen rek meuli teu mawa doeit, niat noekeuran teu mawa pikeun panoekeur. Sigana lamoen kitoe mah, Langen Sari, rek ngarah pati kaoela, pati tea teu dibikeun; tjindekna mah sampean mawa sabraha balad, mawa sabraha gagaman nja rek ngarah pati kaoela, ari pati lawanna koedoe djeung perang.”

Langen Sari njewot pokna: „koela mah teu mawa balad, teu mawa pakarang, ngan mawa timbalan ratoe bae.”

Gangtjangna Gangsa Wajang toeloej matek kerisna bari njaoer: „seug, geura tampanan keris, ieu, ari enja ngarah pati kaoela.”

Langen Sari nja kitoe deui geuat matek kerisna, toeloej bae silihtewekan.

Ti dinja keris roeksak, teu pada aja noe teurak. Tjoel keris, der perang silihgaloengan, soeroeng-sinoeroeng di dasar sagara.

Gangsa Wajang kaseundak ka kaler koe Langen Sari; anoe matak pepetek njajeud ka kaler, ka tanah Paparean nja eta tatkala Langen Sari njeundak Gangsa Wajang.

Diseundak ka wetan; noe matak peda loba di wetan, tanah Tji-rebon. Diseundak ka kidoel; noe matak penjoe loba di laoet kidoel. Diseundak malik ngoelon; mana kapiting maboer ka sisi, nja eta tatkala Langen Sari njeundak Gangsa Wajang ka koelon.

Ti dinja bawaning kalilaan teuing perang, Gangsa Wajang ngoemaha ka raina Njai Salasa Wajang, pokna: „koemaha, Njai, akang mah geus weleh nahan paneundjakna si Langen Sari, tjik, ajeuna geura iroet pangawasana koe Njai,

„soegan ipis paradjina,
soegan koerang boedjanggana,
soegan atah keneh tapa.”

Gantjang koe Njai Salasa Wajang diseuseup emboen-emboenanana; Langen Sari ngaroempoejoek sarta toeloej ngaloengsar.

Geus kitoe ngentjar soekmana Langen Sari tina kakoeranganana njoeroep kana koleangkak.

Ti dinja koleangkak hiber ka mega malang ka raina Nji Soemoer Bandoeng bari disada: „moen teang! moen teang!”

8