Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/76

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
58
 

Soemoer Bandoeng eling kana pintonan rakana, dimana aja koleangkak disada diloehoereunana tangtoe kasamboet perangna.

Gantjang Nji Soemoer Bandoeng njipta salira kana angin leutik toeroen ka dasar ing laoet, sartana Gangsa Wajang teu ningali, koe sabab ingkah; rasana geus kasamboet Langen Sari.

Barang geus kapanggih, didoedoet ramboetna sakoeren bari nendjrag lemah tiloe kali. Koredjat hoedang deui Raden Langen Sari, toeloej njaoer, pokna: „aeh, Njai, geus lila atawa tatjan?”

Pokna Soemoer Bandoeng: „kaoela mah geus lila, engkang.”

Ti dinja Langen Sari toeloej nangtang deui perang ka Gangsa Wajang; enggalna der perang deui.

Demi lahirna Nji Salasa Wajang: „naha, noe paeh teh hiroep deui, mana kitoe ge aja doeloerna noe ngahoeripkeun; tjik, oerang tingali djelmana.”

Barang ditingali, tetela jen aja doeloerna, nja eta Nji Soemoer Bandoeng, geuat dioedag koe Nji Salasa Wajang. Ana dioedag, Nji Soemoer Bandoeng loempat ka leuweung nja njoempoet kana kaso.

Ti dinja toeloej dikorehan koe Nji Salasa Wajang; barang kapanggih der bae dioeleng.

Nji Salasa Wajang njambat ka Iboe dewata, njoehoenkeun ditoeroenan pakarang.

Enggalna koe Iboe dipoeragan tiloe pakarang: hidji bedog, kadoea peso, katiloe pedang. Ana ditelaskeun koe Nji Salasa Wajang ka Nji Soemoer Bandoeng, peso sakali kadoea leungit, bedog kitoe deui, pedang pon nja kitoe deui, ditelaskeun sakali kadoea leungit, njoesoep ka salira Njai Soemoer Bandoeng.

Sanggeus beak pakarang, Nji Salasa Wajang menta dibales.

Soemoer Bandoeng toeloej bae males, ngadjedjek ka Nji Salasa Wajang.

Barang didjedjek Nji Salasa Wajang, ber ngapoeng ka awang-awang, sabab teu koeat nadahan djedjekna Nji Soemoer Bandoeng.

Gantjangna disoesoel koe Nji Soemoer Bandoeng ka mega malang. Ana kapanggih, ditewak Nji Salasa Wajang, diasoepkeun kana pandjara beusi. Pandjara beusi toeloej ditepak ka handap bari ditoetoerkeun koe Nji Soemoer Bandoeng ti pandeuri.

Pandjara ragrag kana Palaboehan boelan, nja eta hoeloe dajeuh nagri Koeta Waringin.

Pandjara ditoenda. Di hoeloe dajeuh, Nji Soemoer Bandoeng malikan rakana noe keur perang di dasar ing laoetan.

Katjaritakeun demi tjahjana Nji Soemoer Bandoeng mah geus ngendong bae di nagara Koeta Waringin, tjahja teh moeroeb mantjoer tapi noe kagoengan tatjan soemping.

Kotjapkeun deui, Nji Soemoer Bandoeng lampahna geus soemping ka dasar ing laoetan, malah njampak noe perang masih keneh bae. Ti dinja Soemoer Bandoeng njaoer ka toeang rakana, pokna: „akang, naha perang teh masih keneh bae, katjek koe awewe, koering mah geus poegoeh toengtoengna. Tjik, atoeh, ajeuna geura elingkeun beunang tapa teh.”

Langen Sari eling kana adjianana. Gangsa Wajang toeloej ditjandak dialoeng-