Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/77

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
59
 

aloengkeun, nja ninggang ka daratan. Enggalna toeloej loempat ka leuweung Raden Gangsa Wajang.

Ti dinja Langen Sari toeloej njaoer ka raina Nji Soemoer Bandoeng, pokna: „Njai, ieu kapal ajeuna geus euweuh noe boga kadjaba ti sorangan, tapi akang dagoan heula, rek neangan kang Rangga Wajang.”

Diteangan Rangga Wajang koe Langen Sari di dasar ing laoet, nja kapanggih di djero goeha keur ngadoe oendoer-oendoer.

Ari tjek Langen Sari: „koemaha ajeuna kang Rangga Wajang, rek reudjeung atawa henteu perkara kapal geus djadi milik kaoela.”

Saoer Rangga Wajang: „nja soekoer ari kapal geus beunang koe doeloer- doeloer, koe Langen Sari djeung Soemoer Bandoeng, demi akang mah rek miloe reudjeung bae djeung doeloer-doeloer.”

Pok deui Langen Sari: „mangga atoeh, oerang taroempak ka kapal.”

Djawabna Rangga Wajang bari ngarawoe oendoer-oendoer: „hajoe atoeh.”

Tina goeha toeloej arangkat Langen Sari djeung Rangga Wajang, nja soemping ka kapal, toeloej pada taroempak bae.

Kapal dipadjoekeun ka tengah, bari saroekan-soekan, pedah oenggoel perangna.

Sigeg noe saroekan-soekan.

Kotjapkeun Gangsa Wajang, di leuweung amprok djeung djelema doea: noe hidji ngaran Gadjah Hambalang, noe hidji deui ngaran Badak Hambalang sarta bari marawa heurap beusi.

Ari tjek Gangsa Wajang: „sampean marawa heurap beusi keur ngaroengkoep naon?”

Pokna Gadjah Hambalang: „tatjan poegoeh roengkoepeunana, sabab tatjan manggih.”

Saoerna Gangsa Wajang: „ari tatjan poegoeh roengkoepeunana mah, koela manggih roengkoepeun, nja eta hidji kapal, sarta aja poetrina geulis kawanti-wanti. Demi engke, lamoen geus beunang karoengkoep, koela kapalna, sampean eusina.”

Wangsoelna Gadjah Hambalang: „mangga, tapi koering ajeuna menta ditoedoehkeun di mana ajana.”

Tembalna Gangsa Wajang: „soemangga, atoeh oerang boeroe-boeroe ka sisi laoet.”

Geus kitoe, toeloej arindit ka sisi laoet. Barang tepi ka sisi laoet, tjek Gangsa Wajang: „tah geuning kapalna, soemangga, geura roengkoep.”

Ti dinja kapal toeloej diroengkoep koe Gadjah Hambalang djeung Badak Hambalang; enggalna kapal toeloej ngarandeg teu bisa ladjoe.

Barang kapal ngarandeg, Njai Soemoer Bandoeng ngahoeleng bari pokna: engkang, koe naon jeu kapal lebah dieu wet teu bisaeun madjoe, tjik atoeh, geura teang sababna.”

Gantjang Langen Sari kaloear ti djero kapal, sarta naek ka loehoer; nja beh bae katingal tetela aja heurap beusi ngaroengkoepan kapal. Heurap beusi koe Langen Sari toeloej dibebekeun, datang ka djadi doea.