Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/78

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
60
 

Sanggeus heurap djadi doea, noe ngaroengkoep geuat laloempatan ka leuweung; ana keur meudjeuhna tarik loempatna, ngadak-ngadak kasarimped koe areuj soekoena, nja toeloej laboeh datang ka kaparaehan.

Ti dinja katingali koe Langen Sari, enggalna diboeroe. Sanggeus kaboeroe, toeloej njaoer, pokna: „ieu djelema koemaha, hiroep ta paeh?”

Pokna djelema anoe doea: „koering enggeus paeh.”

Saoer Langen Sari: „ajeuna paeh, tapi bet nembalan.”

Pok deui noe doea djelema: „noe matak ngawalon paeh, tina sieun koering dipaehan.”

Langen Sari pok deui njaoer: „geura haroedang, lamoen hajang hiroep mah; sarta oerang dek nanja, sabab naon noe matak kapal oerang diroengkoep?”

Tembalna doea djelema: „sapanjana tea sanes kapal kagoengan adjengan; demi ajeuna mah koering njanggakeun beuheung teukteukeun, soekoe genteng belokeun; sedja koemawoela ka adjengan.”

Saoerna Langen Sari: „hade, lamoen kitoe mah; hajoe, ajeuna oerang ka kapal.”

Ti dinja toeloej arangkat sadajana. Barang keur pada laleumpang di tengah-tengah djalan amprok djeung Gangsa Wajang. Enggalna ditjekel koe Langen Sari bari dipariksa, pokna: „Gangsa Wajang, koemaha perkara ajeuna, maneh rek baha atawa rek ngawoela?”

Pokna Gangsa Wajang bari mamandapan: „sedja koemawoela bae.”

Enggalna toeloej ngaladjengkeun angkatna Raden Langen Sari sarta taloekan anoe tiloe. Barang nepi ka sisi laoet nja areureun dina handapeun kiara bari ngagero-gero ka Rangga Wajang djeung Soemoer Bandoeng.

Kotjapkeun noe di djero kapal. Barang ngareungeu jen aja noe ngageroan, toeloej baridjil sarta geuat njampeurkeun ka handapeun kiara.

Langen Sari pok ngalahir ka sadajana: „ajeuna oerang toenda bae di leuwi Tji-sanggiri kapal teh, mangke di mana Njai Soemoer Bandoeng geus kagoengan poetra ti ratoe Koeta Waringin, ieu kapal oerang sampeur, oerang pake lalajaran di dieu saroekan-soekan. Demi ajeuna oerang teroeskeun moelang ka nagara Koeta Waringin, tapi njimpang heula ka nagara Daha, sabab boga keneh bojongan pibatoereun ngawoela.”

Tembalna para saderek: „soemangga, ngiringan bae.”

Gantjangna toeloej arangkat sadajana, sarta henteu ditjatoer di djalanna, tjatoerkeun geus soemping ka nagara Daha bae.

Ti dinja Langen Sari geuat njaoer ka noe kagoengan nagara, pokna: „Njai Mangprang Wajang, Pati djalak Mangprang, geura temonan ieu kaoela geus datang.”

Barang katingali koe Nji Mangprang Wajang geuat diboeroe bari njaoer: „engkang mangga, atoeh tjalik:

„kembang tjalik dina tjepil,
kembang njangsang dina tarang,
da wet bogan kembang djambe,
kamajangan akang soemping.”

Toeloej pada tjaralik di paseban, sarta dikoempoelkeun para taloekan-taloekan: tjalikna istri pada istri, pameget pada pameget, bari dihoermat-hoermat koe Nji Mas