Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/79

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
61
 

Mangprang Wajang ; disoegoehan saneskanten katoeangan anoe sarae sareng noe raraos.

Sanggeus ngareureuhkeun tjapena, Langen Sari toeloej njarios ka toeang rakana Raden Rangga Wajang, pokna: „akang, ari tjek timbalan mah, kaoela koedoe djagrag ponggawa dalapan kasalapan loeloegoe. Tjik, geura mangga koe akang dibilang; lamoenna leuih akang pinjoetateun, lamoenna koerang, akang noe pinambaheun."

Rangga Wajang toeloej ngadjoemblah noe baris ngawoela ka nagara Koeta Waringin : hidji Rangga Siloeman, doea Rangga Tjampaka, tiloe Pati Djalak Mangprang, opat Gadjah Hambalang, lima Badak Hambalang, genep Gangsa Wajang, toedjoeh noe keur milang, kadalapan loeloegoe nja adi Langen Sari.

Gantjangna Rangga Wajang toeloej nanja ka djelema anoe genep, pokna : „tjik, ka sadaja bae, soegan aja papanggihan noe longger di nagara batoer, pikeun ngadjedjegan ieu kakoeranganana."

Aja hidji noe ngawalon, nja eta Pati Djalak Mangprang, pokna: „aja, nja eta nagara Pakoe roetjoekan Beusi, djenengan Raden Soetra Panandoer Wajang, malah kagoengan saderek istri, djenengan Njai Mas Soetra Kembang Padma Larang."

Pok deui Rangga Wajang : „tan, lamoen kitoe, tjik, saha noe sanggoep naloekeun?"

Djawabna noe genep djelema: „henteu sanggoep, koering mah soeka dikorombongan bae."

Saoerna Gangsa Wajang: „beu, ari kitoe mah, tamiang meulit ka bitis, katempoeh diri sorangan."

Ti dinja Rangga Wajang toeloej njaoer ka raina sakalian, pokna : „Langen Sari, Soemoer Bandoeng, akang amit rek njiar pidjedjeganeun ka nagara Pakoe roetjoekan Beusi".

Pokna Nji Soemoer Bandoeng :

„kirim koering kembang boelan,
kirim koering kembang taoen,
kembang sagala dongdoman,
kembang kopi aloem aking,
bisi akang meunang boelan,
bisi akang meunang taoen,
oelah salah nja dongdonan,
soepaja poelang ka koering."

Enggalna Rangga Wajang toeloej dangdan ; njoren roeas oendoer-oendoer, njo-rendang kantong, nanggoeng tjalongtjong awad-awad hajamna leupas, bari kebat mangkat.

Teu kotjap didjalanna, kotjapkeun geus soemping ka nagara Pakoe roetjoekan Beusi.

Barang geus soemping ka nagara Pakoe roetjoekan Beusi, Rangga Wajang nger- sakeun ngaganti roepa ; les roepa Rangga Wajang timboel roepa aki-aki; nja toeloej ka paseban.

Ti dinja kapanggih koe si Lengser panakawan kakasih ratoe. Enggalna aki- aki toeloej disebakeun ka pajoenan ratoe, nja eta Raden Soetra Panandoer Wajang.