Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/80

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
62
 

Gantjangna toeloej dipariksa koe Soetra Panandoer Wajang, pokna : „tjoba aki, ngomong sing enja, lamoen lemboer, lemboer mana, nagara mana djeung saha aki nja ngaran ?"

Demi walonna aki-aki : „djisim koering mah lain ti nagara mana-mana, nja eta ti lemboer leutik, katelah lemboer Bodjong Eurih; ari ngaran katelah Aki Moksel."

Saoerna Soetra Panandoer Wajang : „aki, poeroen ta henteu tjitjing di aing, atawa emboeng ?"

Pokna aki-aki : „kabeh-kabeh, sedja rek koemawoela."

Ti dinja aki-aki ditjandak ka boemi. Barang soemping, geuat njaoer ka raina Nji Mas Soetra Kembang Padma Larang, pokna: „Njai, ieu akang meunang piboedjangeun aki-aki, katelahna Aki Moksel."

Nji Soetra Kembang Padma Larang malikkeun saoer, pokna: „engkang, pariksa mangka tetela, bisi ngagelo ka oerang, bisina aki ngadodja ngarantjana."

Saoerna toeang raka Raden Soetra Panandoer Wajang: „geus tetela, Njai, djalma ti Bodjong Eurih, sarta lain rek ngadodja ngarantjana; malah koe akang oge ajeuna rek dititah ngarit."

Tjek Nji Soetra Kembang Padma Larang: „atoeh mangga bae."

Toeloej aki-aki dititah ngarit; ana pek ngarit lain ngarit djoekoet, sirit koeda noe diarit, atoeh koeda teh toeloej paeh.

Dititah deui ngala tjai; lodong diasoepan tjaroeloek, atoeh tjaina djadi ateul, geus bae teu kapake.

Ana dititah ngored, kakajonan ditoegaran, mani datang ka tjaang nagara teh.

Dina hidji waktoe Soetra Panandoer Wajang djeung raina Njai Mas Kembang Padma Larang ka tjai anoe rada tebih meuëusan ti boemi, sarta Aki Moksel dipiwarang toenggoe dapoer.

Barang enggeus pada arangkat noe ka tjai, aki-aki toeloej ngaroesak hawoe, didaroepakan dalang ka raroentoeh hawoe dapoer. Los ka boemi, nja maheuman sangoe, beak doea said, datang ka kamerekaan ; ari noe sasaid deui diawoer-awoerkeun ka tengah boemi mani ngalantrak. Toeloej ngising di pipir pangkoeleman ; sanggeus ngising, toeloej kekedengan dirandjang pakoeleman, toer henteu tjetjewok-tjetjewok atjan.

Ana geus kekedengan goera-giroe toeroen sieun kaperego. Seug bae ka pipir dapoer ngadoe oendoer-oendoer, awad-awad teu asoep ka boemi.

Gantjangna noe tas sariram saroemping; nja ngaroris ka dapoer, hawoe roentoeh; los ka boemi said ngalajah di tengah imah; los ka enggon sare ngambeu tai, ana ditingal pipir enggon ngadoengkoek tai.

Sigeg noe keur ngaroris.

Kotjapkeun Aki Moksel les leungit, timboel Rangga Wajang, sarta toeloej matek adji pangnjirepan, disirep Soetra Panandoer Wajang djeung Nji Padma Larang sarta menak koeringna, kabeh geus djempe pada sarare.

Ti dinja Rangga Wajang toeloej bae soep ka djero boemi, nja njampak Nji Soetra Kembang Padma Larang keur sare tibra. Enggalna toeloej bae ditjandak diasoepkeun kana djero kandoengan, toeloej dibawa ngapoeng, sarta djalanna mabras kana kampig.