Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/81

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
63
 

 Sorolok bioer nja ngapoeng,
basana ngapoeng ka manggoeng,
basana ngapak ka awang,
ngapoeng sataradjoe djaoeh,
ngapak saparentang anggang,
lear sor ka tebeh handap.

Gangtjangna geus soemping ka nagara Daha, sarta toeloej diserenkeun ka raina Njai Soemoer Bandoeng. Demi pokna Rangga Wajang : „Njai, ieu akang njerenkeun pibatoereun ti nagara Pakoe roetjoekan Beusi djenengan Njai Soetra Kembang Padma Larang.

Toeloej ditarima koe Nji Soemoer Bandoeng sartana diakoe dihade-hade.

Sigeg Nji Soetra Kembang Padma Larang.

Kotjapkeun di nagara Pakoe roetjoekan Beusi, nja eta Raden Soetra Panandoer Wajang sabalad-balad, atanapi koeringna geus pada njararing kabeh.

Ti dinja Soetra Panandoer Wajang njaoer ka raina Njai Soetra Kembang Padma Larang, tapi weleh teu nembalan ; ana diteang geus euweuh , Aki Moksel nja kitoe deui geus euweuh.

Soetra Panandoer Wajang ngalahir dina mamanahan, pokna : „beu, ieu teu salah deui, tangtoe Aki Moksel anoe boga lalampahan, tjik, ajeuna oerang soesoel ka nagara Daha, soegan aja."

Enggalna angkat ka nagara Daha. Barang soemping geus disampakkeun ponggawa opat anoe mapagkeun perang.

Gantjangna der bae perang Raden Soetra Panandoer Wajang sareng ponggawa anoe opat. Tapi eta pongawa teu koeat ngalawan perangna, toeloej laloempatan.

Nja ana madjeng Raden Langen Sari, der perang deui rame pisan. Toeng- toengna Soetra Panandoer Wajang kasamboet.

Ari tjeuk Langen Sari: „koemaha, sia ajeuna rek baha atawa rek ngawoela ?"

Djawabna Soetra Panandoer Wajang : „sedja njanggakeun diri, roemasa geus kawon djoeritna."

Ti dinja Langen Sari toeloej njaoer ka sadajana, pokna : „wireh ajeuna geus djedjeg ponggawa, soemangga, ajeuna oerang boedal ka nagara Koeta Waringin."

Tembalna praponggawa : „soemangga, ngiringan bae."

Sanggeus kitoe, toeloej pada darangdan, ladjeng boedal ti nagara Daha sadajana sarawoeh eusi nagara, ngadjoegdjoeg ka nagara Koeta Waringin.

Teu kotjap di djalanna.

Kotjapkeun geus datang ka nagara Koeta Waringin, enggalna toeloej sakabeh ponggawa pada saroekan-soekan ; dahar, ngaleuëut, ngalemar sarta njesep.

Oerang toenda.