Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/84

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
66
 


eta, aja aki-aki tapa dina[1] kolong papanggoengan. Tjoba, koe kangdjeng raka dipiwarang iang ka nagara Bitoeng Woeloeng, tangtoe daekeun, Tapi poma pisan oelah dipaparin panganggo, koe andjeun, poen Lengser bae maparinkeun panganggo, kandjeng raka, noen."

Ngadaoeh praboe Sena Pakoean : „aki, maneh ka dieu."

Indit eta aki-aki, rehna disaoer koe ratoe, sarta djaroegdjag-djarigdjeug.

Matana kawas tjika-tjika dina Hang kitjeupna, karihidji deui ; toeloej ka aloen- aloen djalanna bari kondang iteuk.

Ari datang ka pangtjalikan ratoe, aki teh toeloej njembah barina mando ; kitoe ge nangankeun maneh.

Ngadaoeh ratoe praboe : „aki, ditjaloekan teh koe dewek dititah ka nagara Bitoeng Woeloeng, panglamarkeun ka Njai Soemoer Bandoeng, saderekna Koeda Pati Langen Sari, sarta maneh koe dewek nitah dibere pakean anoe araloes ; eta awewe koedoe beunang koe maneh, aki."

Oendjoekan aki-aki : „hatoer soemangga ari dikersakeun koe ratoe mah, oelah bon beurang peuting, sedja koemawoela poen aki, noen."

Ti dinja aki-aki toeloej njembah barina indit, toeloej ka aloen-aloen.

Ari datang ka aloen-aloen, aki-aki teh kersana ngagedogkeun salira ; nja eta djenenganana Koeda Pati Langen Sari ngadjadikeun aki-aki tapa dina kolong papanggoengan eukeur neangan pitjarogeëun raina Njai Soemoer Bandoeng.

Ari geus meunang praboe Sena Pakoean, menak oerang Padjadjaran, sedjana moelih ka nagara Bitoeng Woeloeng.

Teu ditjarioskeun di djalanna mah.

Katjarios noe tjalik di nagara Bitoeng Woeloeng, djenenganana Njai Raden Soemoer Bandoeng.

Saraoeh eusi boemina, istri pameget, pada ngadeuheusan kabeh keur ngantosan rakana Koeda Pati Langen Sari, geus sapirang-pirang alam teu soemping ka nagara.

Barang ti dinja soemping ka nagara Bitoeng Woeloeng.

Ana soemping, teu diakoe koe Njai Soemoer Bandoeng, sabab sieun kabobodo bawaning koe kalawasan.

Ari geus maehan ingon-ingon mah, tiwoean sakembaran, djeung siram dina djero kendi, kakara dek diakoe saderek koe Njai Soemoer Bandoeng.

Ari geus kitoe, ngalahir rakana Koeda Pati Langen Sari : „Njai Emoer,[2] kakang teh geus meunang pitjarogeëun Njai, djenenganna Praboe Sena Pakoean, menak oerang Padjadjaran ; ajeuna, Njai djeung kakang, oerang iang ka Padjadjaran."

  1. In verband met het hedendaagsche spraakgebruik, dat dina slechts voor op, binnen een kleine ruimte en di in denzelfden zin voor grootere uitgestrektheden bezigt, zou men hier di verwachten. Oudtijds werd dina echter ook in laatstgpnoemde beteekenis genomen, getuige het slot van den steen te Kawali: pakeun heubeul djaja dina boeana, opdat zij lang blijvend overwinnaars zijn in de wereld.
  2. Vriendelijke afkorting van den naam : Soemoer.