Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/86

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
68
 

Oendjoekan kang rai : „hatoer soemangga, tanapi koering alim noeroet nagara, hajang mawa nagara sorangan."

„Koemaha Nji Emoer bae, kakang mah teu bisa."

Ladjeng nagara dipandjarabeusi.[1]

Ari geus dipandjara, oendjoekan ka kang raka : „soemangga, kakang, eta pan- djara geura tjandak."

Ngalahir kang raka : „koemaha, Njai, dibawana, kakang mah teu bisa mawa, enja ditanggoeng euweuh lajanna, disoehoen sieun tidedel."

„Kadjeun, kakang, ari teu bisa mah."

„Koemaha kang rai bae."

Ladjeng Njai Soemoer Bandoeng djeung rakana ka mega malang, njandak pandjara.

Ari geus soemping ka mega malang[2], ningali noe lalajaran di sagara, ari djenenganana Raden Pati Gangsa Wajang, Raden Pati Rangga Wajang ari istrina Njai Sarasa Wajang.

Ngalahir Koeda Pati Langen Sari, kieu pokna : „Njai Emoer, saha djelema noe lalajaran di sagara batoer? loekak djapakan ngoenghak temen."

Hatoeran Njai Soemoer Bandoeng: „sok teu oemoem teuing, sagara aja noe boga, bisi kakang teu tingali teu oeninga eta ten lalaki satangkoebing langit, lalanang sakabeh djagat, djenenganana Raden Pati Gangsa Wajang, saderekna Rangga Wajang, istrina Njai Sarasa Wajang ?"

Ngalahir rakana Koeda Pati Langen Sari ; „Njai, koe kakang rek diteang djelema noe loekak djapakan lalajaran di sagara batoer ; mo sabraha koelitna"

„Tjoba, seug bae sia, akang, oelah henteu koeat."

„Sageuj, Njai, ajeuna ge geus datang deui."

„Soemangga bae, akang, ari teu beunang dipegatan mah koe adi."

„Tapi akang boga djangdji ka Njai, lamoen kakang eleh djoerit, tangtoe aja datangna ka Njai hoedjan getih loeloewoekan mega nangnajeumeun sabeulah sarta aja koleangkak[3] poetih disadana : „moe teang ! moe teang ! tjitjiren kakang eleh djoerit, koedoe geuat diteang."

Oendjoekan kang rai : „hatoer soemangga."

Ladjeng loengsoer ti mega malang.

Soemping ka sagara, njandak laboeh djangkar.

Kaget Pati Gangsa Wajang ngarandeg kapalna.

Ngalahir ka Rangga Wajang : „ieu, toeroe:ian, parahoe koe naon mana nga- randeg, eureun, atawa tikait kana toenggoel atawa kana djangkar?"

Oendjoekan Rangga Wajang: „hatoer soemangga," bari indit ka dasar sagara.

  1. Hoe dit geschiedde, vindt men uitvoeriger in den tekst hiervoren, blz. 54.
  2. Deze dient in de tjarita pantoen steeds tot observatiepost en vervoermiddel.
  3. Een valksoort in het lokaal Maleisen van Batavia oeloeng-oeloeng geheeten ; Batawi ora : boeroeng ngek.