Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/90

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

72

„Rangga Wajang, silaing ka dieu euj !"

„Noen soemangga."

Ser njampeurkeun barina njembah.

Saoer Koeda Pati Langen Sari : „koemaha euj, silaing rek taloek atawa rek ngalawan ka dewek ?"

„Eh, djoeragan, ajeuna teu kadoega, ajeuna doeloer koering geus taloek, tjatjak bareto ge teu kadoega, ajeuna kos doeloer koering bae rek koemawoela, kaoelanoen."

Ngalahir Koeda Pati Langen Sari: „soekoer sariboe, gerah salaksa, ari ajeuna oerang toeloej ka Padjadjaran."

Ladjeng menak tiloe lajar toeroet sagara.

Katjarioskeun noe moendaj di mega malang, ari djenenganana Badak Hambalang djeung Gadjah Hambalang, ngaroengkoep Melang kantjana.

Kaget Koeda Pati Langen Sari.

Ngalahir ka Pati Gangsa Wajang : „ajeuna toenggoean Melang kantjana, dewek rek njoesoel noe ngaroengkoep parahoe."

Ladjeng ditaekan ka mega malang, barina poentang kalong.

Ari geus kitoe, kasoesoel doea ponggawa dipariksa koe noe kasep Langen Sari : „euj, naha silaing wani-wani ngaroengkoep Melang kantjana, hah ?"

Oendjoekan doea ponggawa : „soemoehoen, pariksa naon, soegan teh lain kagoengan djoeragan, kaoelanoen ?"

Ngalahir Koeda Pati Langen Sari: „euj, koemaha silaing teh, rek ngalawan atawa henteu ?"

Oendjoekan Badak Hambalang : „eh, djoeragan, koering sedja koemawoela bae." ( )

„Soekoer, ari kitoe mah, hajoe, oerang leumpang djeung dewek."

Ladjeng menak djeung opat ponggawa soemping kana poelo ngersakeun eureun.

Mariksa ka Rangga Wajang: ;; soegan aja geulis adina, gagah rakana ; tjek, euj, di mana ?"

Oendjoekan poen Ranga Wajang : „noen, soemoehoen, aja noe geulis adina, gagah kakangna di nagara Koeta Waringin (-), ari djenenganana Gadjah Waringin saderekna istri Njai Atji Waringin.

Ngalahir noe kasep Langen Sari: „koemaha, Rangga Wajang, sanggoap meunangkeun ?"

Ngawalon Rangga Wajang : „soemangga, koering meunangkeun."

Ladjeng Rangga Wajang angkat.

Katjarios Rangga Wajang soemping ka hoeloe dajeuh.

Bingoeng pipetaeunana hajang ngadeuheus ka noe kagoengan nagara, Rangga Wajang pek ngagedogkeun salira, ngadjadikeun aki-aki ; kakara dek ngadeuheusan aki-aki teh.

(1) Dit wordt anders en veel uitvoeriger hier voren verhaald ; ook speelt de gebeurtenis daar op het land, blz 59.

(2) Op 't eiland Borneo.