Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/102

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

katimbang baris hasil oepami dipělakan bangsa tatali-hoerip anoe oemoer satahoen.

Loba djalma anoe ngomong, jen atoeran maksa djělěma² anoe garadoeh tanah kosong noe tjara kasebat di loehoer sina mělakan tanahna tea koe bangsa tatali-hoerip, mindeng pisan tara aja goenana, sareng ngeunakeun pamaksa kitoe teh sok kadjadian pěrkara koerang adil, eta lérés kitoe. Koe sabab eta oepami parantos sidik, jen anoe gadoeh tanah ěmboengeun mělakan tanahna koe sorangan, teu ordonansi salianna wěrang maksa soepaja djělěma marělakan tanahna anoe kosong koe pribadina, gadoeh deui kakawasaan masrahkeun eta tanah ka noe sedjen pikeun sawatara lamina sarta digantoengan djangdji² soepaja dipělakan bangsa tatali-hoerip koe djělěma anoe daraek mělakan tea, make atoeran anoe sae. Eta ordonansi anoe pang-pangna pisan maksoedna tjara anoe kaseboet bieu di loehoer tea; djadi anoe gadoeh eta tanah teh, lain dipaksa kědah mělakan tanahna anoe pihasileun tea koe bangsa tatali-hoerip, nanging oepami manehna ěmboengeun mělakan tanahna tea, sina milih bae naha bade babalik plklı, niat mělakan tanahna, atawa měnding masrahkeun (ngindjeumkeun) tanahna ka Nagara, soepaja koe Nagara pikeun sawatara lilana, dipasihkeun ka oerang desa eta, babakoena pisan ka noe teu garadoeheun tanah, soepaja koe maranehanana dipělakan bangsa tatali-hoerip anoe oemoer satahoen make atoeran anoe sae.

Hal anoe garadoeh tanah harajangeun lesot tina kawajiban mělakan tanahna koe, sorangan, sanes ngan aja di verang Priboemi bae, di bangsa sedjen oge sami bae aja eta kahujang teh, tapi pikeun lolobana kirang sae dikeunaan atoeran kitoe.

Hal lamina diindjeumkeunana, dina ordonansi benteu dítětěpkeun. Nanging, pangna henteu dítětěpkeun teh, lain pisan maksadna, jen hal lamina mah dipasrahkeun ka noe gadoeh tanah bae. Oepami noe gadoeh tanah emboengeun hese mělakan tanahna. sarta masrahkeun eta tanah ka Kapala-afdeeling, pikeun sawatara lamina soepaja dipělakan koe noe sedjen, manehna teu kenging baha, tanahna dipělakan bangsa tatali-hoerip koe noe sedjen, di. garapna koemaha pisaeëunana, sarta lilana sakoe maha përloena timbangan anoe mělakan. Lamoen tanahna, tanah anoe tatjan diboeka, bisa djadi katimbang perloe, pllamleunana leuwih ti saoesoemeun, lantaran koe beubeunangan saoesoem, ongkos moekana henteu kabocal. Dina lěbah pěrkara kieu lamina eta tanah barisna dipake, pěrloe dibadamikeun heula sareng anoe gadoeh.

Oepami anoe gadoeh tanah ěmboengeun noeroet kana kahajangna Běstir, eta djělěma kenging diantjam, nja eta saseepna waktoe pamere manehna tea, manehna pribadi kedah ngaladjëngkeun mělakan eta tanah koe bangsa tetali-hoerip. Dina papagon anoe baris dítětěpkeun koe Kapala-karesidenan, noeroetkeun artikel 5 ieu

― 127 ―