Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/103

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

Artikel. 6. (1) Ari di tanah² erpah atawa-atawa tanah Concessie-tatanen, atawa tanah² anoe kaasoep kana bagian tanah partikoelir boh tanah kontrakan anoe henteu ditjěkěl koe oerang Priboemi djeung sapapadana, kawadjiban² anoe kaseboet dina ieu ordonansie dibeuratkeun ka anoe ngoeroesna (beheerder).

(2) Tanah erpah djeung kontrakan² anoe tatjan diboeka, eta kawadjiban dibeuratkeun ka anoe mentana, atawa lamoen anoe mentana teh hidji vennootschap atawa pakoempoelan anoe geus disahkeun, dibeuratkeunana ka pangoeroes-pangoeroesna (běstirna).

(3) Saha² anoe henteu nohonan kana eta kawadjiban, dihoekoem boei panglilana tiloe boelan atawa didengda panglobana lima-ratoes roepia.

(4) Eta lampah, anoe dihoekoem koe hoekoeman anoe kaseboet dina ajat noe bieu, dlanggap palanggaran.

Artikel 7. Ieu ordonansi mimit! didjalankeun ti poean diembarkeun (nja eta 13 Jull 1919).

KATERANGAN MAKSOEDNA ORDONANSI MAKSA
PEPELAKAN:

(Soerat sebaran Direktoer Tatanen, Karadjinan djeung Dagang. dikirimkeun ka Kapala-kapala karěsidenan 26 September 1912 No. 10987/A).

Ordonansi-pamaksa-pěpělakan didjalankeunana tangtos pisan babakoena pikeun tanah² kering, nanging di sawareh tempat didjalankeun oge pikeun sawah² anoe henteu dipolah koe noe gadoehna.

Loba tanah kering anoe lantaran hirang lendo, dipělakanana dina sababaraha tahoen ngan sakali. Ana gantjang dipělakan deui teh sok saeutik pisan pangasilanana katoeroeg-toeroeg ana mindeng teuing dipělakan, sok tereh pisan kěrina, oepadi oepami tanahna lamping mah; eta pěrkara sakenging-kenging kedah ditarekahan, sangkan oelah kitoe. Dina waktos ngadjalankeun eta ordonansi pikeun tanah' anoe dipolah koe abdi', hal leu kedah diemoetkeun.

Koe sabab parantos ngoeping jen loba kaheseanana, sapertos anoe ditabeuh di Volksraad, di dieu dipepelingan, jen hal maksa oerang Priboemi kědah pěpělakan teh, teu kenging pisan ngaganggoe hal goear-taneuhna oerang Priboemi anoe parantos matoeh. Oepami dina hidji těmpat. oerang dinja parantos matoeh pěpělakanana, sarta parantos milih pakasabanana, parantos ngadaměl atoeranana eta pakasaban sareng parantos nětěpkeun pěpělakan anoe baris dipělakna, eta ordonansi-pamaksa-pěpělakan tea, sama sakali teu kenging maksa ka eta djělěma. Pangatoeran leu ordonansi ngan kenging dikeunakeun kana tanah' oerang Priboemi, boh anoe parantos lami, boh anoe anjar keneh henteu dipěpělakanan, sarta

― 126 ―