Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/109

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

kasehatan badan. Adatna laleur teh rampoes djeung salilana proek-preuk bae tina kadaharan ieu pindah kana kadaharan noe sedjen. taja pisan eureunna; lamoen manggih kabeukina teu ketang ka seubeuh, dibelaan ngoetah-ngoetahkeun kahakanan anoe geus dihakan tea, da hajang ngahenggoj kabeuki tea. Gawena iděr-iděran neangan laoek noe geus boeroek atawa bangsa kokotor anoe mimiti boejatak, sabab karěsěpna di noe karitoe ngěndogna.

Sarerea oge tangtoe geus maranggihan dina bangke noe geus boejatak djeung dina roentah² noe geus baroeroek sok ěnjoet koe bilatoeng geuning; tah eta bilatoeng² teh nja ěndog laleur anoe malěgar, sarta lila² eta bilatoeng teh nja djadi laleur.

Pangna laleur gěde mamalana teh, nja eta koe sok oetjlak-atjlok pipindahan tea, malah sakapeung mah djaoeh katjida lalakonnna. Oepama lar aja koeda atawa djělěma ngaliwat, preuk eunteup miloe. Lamoen laleur teh ngaliwat djarian, heug di dinja kaběněran aja kokotor djělěma anoe katěrap kolera atawa panjakit beuteung lian ti eta noe sok tepa, hiběr ka dinja, boa eunteup oge kana kokotor tea, ti dinja hiběr asoep ka djěro imah, eunteup kana laoek atawa kadaharan. Djadi eta kadaharan teh kaasoepan koe bibit panjakit anoe kabawa tadi koe laleur dina soekoena; atoeh djělěma noe ngadahar eta kadaharan teh sasat ditepaan panjakit bae. Nja kolera, menter, tadjam (dijaenterie) djeung lian ti eta teh djadi něrěkab, da ditepa-tepakeun koe laleur tea.

Koe sabab eta pěrloe katjida dibasmi laleur teh, djadi sakoer noe kapanggih koe oerang koedoe dipaehan.

Sakoemaha ngarěkahanana ari laleur?

Hidji laleur dina satahoen bisa anak-baranahan něpi ka 60 000 000 000 000.

Koe hal eta oerang koedoe neangan akal, njiar tarekah, koemaha pěetana nja ngala laleur. Aja akal sedjen, toer leuwih gampang deuih, nja eta koe tětěpak-laleur: ari tětěpak laleur anoe panghadena: gagangna koe hoii atawa awi beunang ngaraoet, tětěpakna koe ram kawat. Lamoen oenggal poe koe oerang, laleur teh, dialaan koe tětěpak, lila-lila tangtoe moal loba laleur di imah oerang.

d. BAHAJA BANGSA MANOESA ANOE LANDES

Bangsa monjet anoe leuwi djělěma ti batan monjet ano sedjen, ieu: Gibbon, siamang, orang-oetan, Chimpansee djeung Gorilla. Koe saab eta sok disarěboetna og, monjet bangsa eta manoesa. Kaajanana bangoen tanggkorek, toelang-toelang, berat-berat, djeudjeutan oerat² djalan gětih, monjet mah .... pisan djeung djělěma.