Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/108

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

salawasna oge hiroepna sok ngaboeboehan bae, tara sukoerěn2 tjara sato lianna. Loba bangsa sireum anoe panjeureudan, tapi loba oge anoe hěnteu. Anoe panjoureudan ana maehan moesoehna atawa ngala mamangsanna teh, sok koe diseureud, toeloej tatoena diklihan minangka peurahna; ari anoe teu panjeureudan mah ana maehan mamangsanna teh koe digegel bae, sanggeus kitoe toeloej měléngkoeng nglihan tatoe tea. Sireum hiroepna istoe goejoeb saoejoenan djeung batoer, sagala gáwe teh dilampahkeun kalawan atoeran anoe beres djeung titi katjida, Geuning oerang oge sok minděng mireungeuh sireum ngarěj ngagoesoer kahakanan anoe pueloeh2 kali leuwih gěde batan manehna kana llangna.

Anoe matak heměng katjida ka oerang, eta mireungeuh imahna; make pirang<sup2 pangkeng djeung bloes-blas lawang parantina kaloear-asoep, něpi ka djèro pisan di djěro taneuh.

Rinjoeh kaasoep kana bangsa sireum keneh; di Amerika geus aja noe manggihan imah rinjoeh anoe loehoerna ti 3 něpi ka 7,5 M., sarta teuas kabina-bina, datang ka dipoerajkeunana oge koedoe koe dljnamlet.

Di djěro imah rinjoeh koedoe bae aja gateuw, minangka ratoena, gědena leuwih gede ti rinjoen noe rea, ari gawena euweuh deui ngan poerah anakan bae. Salian ti eta di nagara sireum teh aja anoe minangka serdadoena, nja eta sireum2 anoe poerah iděr-iděran barangsiar, nareangan kahakanan, djeung dina lěbah aja bantjang-pakewoeh anoe koedoe ngadjaga nagara ngalawan moesoeh anoe ngaroeroeg ka nagarana; kadjaba serdadoe tea aja deui sireum anoe djadi pagawena, nja eta poerah ngoeroes sagala gawe di imah. Ari anoe babakoe eta pagawe teh, koedoe ngoeroes ěndog ratoe tea. Eta ěndag koe ratoena digoendoekkeun dina hidji pangkeng; ajeuna koe pagawe tea, lamoen měněran hade poë, koedoe dibawaan hidji-hidji ka loteng imahna, di mana hoedjan koedoe diakoetan deui ka pangkeng<sup<2 anoe di djěro. Lamoen anak sireum tea kira2 geus meudjeuhna ka loear, hartina si ěndog geus meudjeuhna měgar, pagawe koedoe meupeus-meupeuskeun tjangkang ěndog tea koe digegel, nja djol bae anak sireum teh tingkarajap baridjil tina djěro endog2 tea.

Gateuw sakapeung bisa ngandoeng ěndog djoemblah beuratna 2000 kalieun beuratna awakna sorangan. Biasuna tjitjingna misah dina hidji pangkeng parantina, ajana dina těngah2 imahna. Ari kakoeatan ngěndogna gateuw teh dina sadjam bisa ngaloearkeun 3600 ěndog.

e. MAMALANA LALEUR.

Istoe matak heran, bět masih loba keneh bae djělěma anoe émhaengeun ngandel, jen laleur teh gěde pisan mamalana kana