Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/116

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

tjandoena anoe kaseuseup, hĕnteu beda djeung noe neureuj ratjoer matih. Djělěma anoe njeret sameudjeuhnana, hade, anoe tara pisan njĕret, oetama, tangtoe badanna sĕgĕr.

Baroeang anoe babatoeran, nja eta lamoen hĕnteu sahate. Sagala lakoe lampahna katendjana ngan goreng bae: noe diarĕp-arĕn ngan moega² masing tjilaka. Lamoen noe saoerang manggih salah, noe saoerang deui soeka boengah. Nja kitoe deui sabalikna. Naha naon hadena anoe teu sahate teh? Tjinděkna anoe babatoeran, tapi hĕnteu sahate teh, doeanana djadi ibarat baroeang.

Baroeang anoe noelis, nja eta lamoen diadjak ngawangkong. Lamoen aja noe noelis bari ngawangkong, eta air neundeun baroeang dina kĕrtas, tandana sagala pagaweanana anoe dipigawe hĕnteu aja noe anggeus. Sabisa-bisa noe digawe teh koedoe ngahidjikeun pikiranana kana pagaweanana anoe keur dipigawe tea.

n. INTEN.

Di antara bangsa permata, intěn teh noe pangpoendjoelna. Pangna dipikarěsĕp teh nja eta koe lantaran tjahajana aloes teu aja tandingna.

Noe pĕrloe dikanjahokeun heula koe oerang nja eta ti mana asalna intěn teh djeung koemaha kapanggihna?

Noe loba intěn babakoena di Amerika Kidoel, Afrika Kidoel, Hindia Inggris djeung di Hindia Wetan, nja eta di Borneo.

Ari di Borneo těmpat pangalaanana di karěsidenan Borneo beulah Kidoel-Wetan deukeut Martapoera djeung di karěsidenan Borneo beulah Koelon, toeroet sisi waloengan Landak djeung Sikajan, leu waloengan doeanana sekena bangawan² Kapoeas di beulah katoehoe.

Děmi djalana intěn teh aja noe ti djěro taneuh, aja noe ti dasar waloengan atawa ti djěro keusik tjampoer djeung boeboek tjadas.

Loembrahna intěn noe asalna tina boeboek tjadas, leuwih mahal ti batan anoe asal ti djero taneuh.

Koe sabab eta intěn Borneo noe babakoena timoena tina keusik lěmboet, leuwih mahal hargana djeung katjida pisan dipikarěsěpna.

Karikil anoe dieusi intěn, koe oerang Priboemi diseboetna „arěng”. roepana hideung djeung teuas. Djadi oelah dikira ari neanganana Intěn teh gampang boeh-beh harerang balatak dina keusik. Hih bangga katjida. Di mana eta batoe tea geus diasah koe toekang njarawedi, kakara intěnna tembong ngagěntjlang. Ari gědena beda-beda.

Di Amerika djeung di Afrika batoe² noe kitoe leh ajana di djěro taneuh, djěro pisan.

Di dinja djalma² teh koedoe ngali taneuh djěro pisan njleun

― 139 ―